BERANDA

Tampilkan postingan dengan label CARNYAM. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label CARNYAM. Tampilkan semua postingan

Jumat, 03 Maret 2023

SANTANA NGALALANA BAGIAN KA 6


SATRIA PINILIH TI GUHA RAKSA SABANA

Kenging : Undang Sumargana

SANTANA NGALALANA BAGIAN KA 6

Ti saprak manggihan éta guha ogé ngadengé katerangan ti guruna, Santana beuki soson-soson latihanana nyasatna beurang peuting hal éta dumasar kana patékadanana, pikeun geuwat ngawasa elmu ti guruna sangkan bisa asup deui ka jero guha. Hrita oge dina ngebrakna cahaya bulan santana leumpang dina kulit cai leungeuna digerakkeun kahareup, leumpang saperti na taneuh biasa wae, memang elmu ngahampangkeun awak nu luar biasa geus nepi kana puncerna. Ari Ki Ajar Pangestu nyerangkeun tina pucuk tangkal bungur nu jadi sisi talaga.

“Emh memang Santana murid kula boga sumanget sarta boka bakat nu mandiri, keur kasép téh jaba soléh, kula reueus boiga murid saperti kitu, sarta yakin dina waktu sabulan elmu kula bakal kapimilik ku manéhna. Saterusna nya hidep Santana anu bakal ngawaris elmu ti Bapak kula” Ki Ajar Pangestu ngagerendeng jero haténa, pikiranana teu pupuguh ngacacang ka magia gantang, ngadon inget ka nu jadi Bapakna nukiwari duka di mana ayana, naha masih kumalendang di alam dunya atawa gues teu aya dikieuna.

Wut, wut,wut, kadengé sora Santana, ngagerakeun dua leungeuna ka luhur nu saterusna leuneug kenca jeung katuhu muter, sarta ngaluarkeun hawa tiis anu kacida ka sabudeureun eta tempat, singhoreng santana bari leumpang nacai ngawatek AJI Bajra pamungkas. Lamun eta aji Bajra pamungkas di watek sapinuhna, naon wae bisa jadi ngawengku ku akibat hawa tiis anu kacida rongkahna. 

“Cukup jalu, teu kudu diwatek sapinuhna bisi sasatoan nu aya di sabudeureun ieu tempat kaganggu guruna ngaluarkeun sora make tanaga lapisan anu ngan bisa kadéngé ku Santana. Santana narik aji Bajra Pamungkas. Saturusna leungeun katuhuna diputerkeun di hareup. Sarta lila-lila dampal leungeuna disilangkeun, dampal leungeuna di tojokeun kaluhur, aneh kajadianana tina leungeuna kaluar angin anu kacida tarikna, saterusna leunguna ditujukeun kana batu sisi gawir, dubrag eta batu macleng kadorong ku rosana tanaga angin tina leungeun Santana.

Emhh. Aji bayu sagara ti murid kula geus nepi ka tahap akhir.

Saterusna Santana lumpat dina kulir cai ti tengah Talaga, katempo dua leungeuna rangém  ngajingjing lauk kancra anu lumayan gedéna. Sarta didinya nyampak kastrol eusi beas nu geus diteundeun ti awalna dina tungku batu, saterusna dua dampal leungeun Santana diantelkeun kana kastrol saterusna anéh deui waé eta cai nu aya dina jero kastrol ngagolak sarta teu lila besba geus jadi liwet, saterusna Santana motong-motongkeun suluh sarta diteundeun di jero tungku batu, ngan ukur ngalempengkeun leungeuna eta suluh ngadadak hurung. Singhoreng Santana  ngagunakeun  saparapat kauatanana pikeun ngawatek aji sagara geni. Eta Aji sagara geuni tong boro-boro suluh lamun diwatek sapinuhna beusi oge bisa ancur.

Teu kanyoan guruna geus aya di satukangeunana, 

“Eh Ki Guru Santana nyarita bari jeung  teungalieuk-lieuk acan, jongjon waé malik-malik lauk na luhureun ruhak suluh kihiang.

“Hébat hidep jalu, tinngal terus dilatih, ti mimiti isuk hidep kudu mimiti ngalatih kaseukeutan elmu batin, sangkan elmu nu geus kapimilik ku hidep beuki matih kamampuhanana sarta hidep bisa ngjalankeun dinahal nu bener”.

“Pangesto Ki guru, ieu putra neda pangwuwuh pitunjuk ti Ki Guru”.  Akhirna Ki Aji Pangestu jeung Santana, ngajemprak ngahanca liwet jeung beuleum lauk kancra.

Isukna Santana sakumaha pituduh guruna kudu katihan di tegalan, keur mengpeng Latihan teu kanyoan aya 3 wanara narajang babarengan sarta maung bodas ngagaur handaruan bari luncat rek nekuk punduk, ku asntana karasa aya geteran angin anu ngabahayakeun dirina, kalayan dina sakedret netra menehna luncat geusaya satukangeun maung bodas sarta nejehken dampal sukuna, ari wanara nu tilu nyebut ti tukang tihareup sarta ti gigir Beulah katuhu, Santana luncat ka gigir Beulah kenca sarta dina waktu sakilat manehna geusngarampid dua suku wanara anu dua sedengkeun nu hijideui disepak palebah beuteungna sanajan tieu nggunakeun kakuatan sapinuhna. Maung Bodas nutadi nyolontod geus malik deui nyebrut narajang, santana ngabelesat ka luhur, teu kanyoan geus clé anumpak natonggong maung bodas.

“ Cukup jalu” Aki guruna geus nyampak hareupeun Santana, sedengkeun 3 wanara jeung maung bodas ngadadak eureun. Kaayaan Santana masih tetep dina tonggong Maung Bodas.

“ Ngahaja Jalu aki nitah ieu 3 wanara sakti sarta maung bodas, pikeun nguji kamampuan hidep. Tétéla 3 wanara jeung maung bodas taya hartina dibandingkeun jeung kamampuan hidep, lamun diantep ku Aki sok sieun hidep kalepasan nepi ka ieu wanara jeung maung bodas palastra, padahal kakuatan 3 wanara jeung maung bodas leuwih rosa disbanding jeung  kakuatan 1000  prajurit  nu geus asak latihan”. Santana ngan ukur seuri maur meunang pamuji ti guruna, taya sari-sari agul, sabab batin manéhna geus asak kadidik ku elmu batin elmu agama nu geus kapimilikna.

Tiharita Santana  museurkeun latihanana dina puncer  tangkala kai. Turun turun  iwal ti mandi  jeung wudu solat ogé diselang buka puasa di waktu magrib, sabab santana kudu ngajalankeun puasa keur nambah kaseukeutan batinna.

Dina waktu santana aya dipuncer kai, Si Ruyuk teu weleh ngadeukeutan sok inggis dununganana aya nanaon. Aya nu nyaliara sumarambah dina sakujur awakna kakuatan alam mimiti ngarasuk na dirina, ku kakuatan elmu ngahampangkeun awak nu dipimilik ku Santana geus aya dipuncer tahapan anu luar biasa, dangdaunan daunan dipuncer tangkal anu dipake diuk bari museurkeun batinna ka gusti Allah, teu singna ngarempeyek didiukan, malah sawaktu-waktu Santana nyengclé na tonggong Si Ruyuk di bawa hiber ka luhur, terus muragkeun karep awakna ngalayang lalaunan muru deui ka tempat diuk jiga nu meunang ngatur. Ari Ki Aji Pangestu nyerangkeun ti kajauhan.

“bener-bener murid kula pangawasana geus satahap jeung kula, geus waktuna manéhna asup ka jero guha ngasakeun pangartina sukumaha kahayang bapa kula, ngan hanyakal kula moal bisa marengan, sabab ngan manehna nu bisa asup ka jero guha, sarta diajar jurus-jurus sakumaha nu ditulis dina sisi guha” Ki Ajar Pangestu ngagerndeng dina jero haténa.

“Cukup Jalu geura turun”, Ki Ajar Pangestu nyarita dina jarak jauh ditujukeun Ka Santana.

Peuting harita jeung isukna santana teu kamana-mana nyiapkeun diri pikeun asup ka jero Guha.



Minggu, 26 Februari 2023

SANTANA KEUR NGALANA BAGEAN KA 5

 SATRIA PINILIH TI GUHA RAKSA SABANA

Carita nyambung bagẻan ka- 5)

(Kenging : Undang Sumargana)

 

Sateuacana neraskeun kana carios salajengna, simkuring mere gambaran pikeun ieu carita, ngan dibéré judul “SATRIA PINILIH TI GUHA RAKSA SABANA” Sabab dina carita engkena Santana manggihan hiji guha nungarana guha ”RAKSA SABANA”, sarta didinya santana sabada ningkatkeun pangaweruhna ti Ki Ajar Pangestu, nuluykeun ngulik elmu di guha Raksa Sabana. Prung ah wilujeng maos carita dina judul “SATRIA PINILIH TI GUHA SABANA”

Di hiji tegalan santana keur gugulayunan dina akar anu ngarumay tina tangkal kiara anu kacida luhurna, gerakanana gesit, ngan sakilat manéhna geus nyengclé na luhur dahan, jleng luncat muru tangkal nu sején, juralit muterkeun awakna meunang sababaraha puteran saméméh nepi kana tangkal nu séjéna, kitu jeung kitu wé nu dilakukeun ku Santana, manéhna keur ngalatih elmu ngahampangkeun awak. Gerakan anu kacida hébatna nu mustahil bisa dilakukeun ku jalma biasa, mémang elmu-elmu kanuragan du dipimilik ku Santana, geus nepi kana tahapan puncer. Jleng santana luncat nincak batu nu lempar. 

”Belang” Santana ngagorowok ditujukeun ka si Belang maung lodaya tutumpakanana.

gorobas jleng si Belang teu lila geus aya hareupeun Santana, buntutna kupat kepot, sungutna ngalétakan bitis Santana.

”Ayeuna belang hayu rang ngalanglang ieu leuweung, dibarengan Si Ruyuk!” ari Si Ruyuk téh, heulang gedé nu teu welléh nalingakeun Santana lamun keur Latihan.

“Suiiit, suiiit” Santana ngahuit, teu lila si Ruyuk geus nyengclé na dahan kai luhureun Santana.

“Hayu Ruyuk rang ngalanglang leuweung jeung Si Belang!” Si Ruyuk ngagelik bari ngagodegkeun sirahna. Jleng Santana luncat kana tonggong si Belang, belesat Si Belang  lumpat ngabelesat Tarik pisan bari ngagaur.

“His tong gaguran belang, bisi ngagareuwahkeun sato nu séjén.”Di luhur Si Ruyuk nuturkeun suat siet marengan lumpatna Si Belang bari ngagelik jiga nu manggih kabungah. Teu lila Santana eureun dina lawang  Guha anu geus kalimputan rerembetan. 

”Ieu aya guha anu kacida legana, ah aing kudu apal aya naon jeroeun ieu guha.” Teu lila santana geus aya dilawang guha, reremetan nu ngahalangan ukur disuaykeun, sangkan laluasa ngaliwat, dituturkeun ku Si Belang sarta Si Ruyuk nu Nyénglé na tonggong Si Belang. Nu matak jadi héran keur manéhna di jero guha bareresih jiga nudihaja diurus, sarta batu batu nu aya dijero guha kacida endahna, malah aya batu bodas semu beureum, gurat-gurat koneng ngagebur cahayaan nyaangan di jero guha. Santana ngadeukeutan sisi guha didinya ngajeblag gambar- gambar jigana gambar jurus- jurus silat, gambarna di tatah dina sisi batu guha ngagarurat katara atra. Santana beuki panasaran,  sabab didinya aya tulisan ngaran hiji tokoh silat Ki Ajar Sakti, sarta tulisan diukir mani écés,

Kula Ki Ajar Sakti sing saha jajaka anu maca ieu tulisan sarta gambar-gambar jurus Raksa  Jagat, awal akhir  bakal bisa ngawasa ieu jurus sapinuhna, sabada  ngawasa elmu nu diturunkeun ti anak-anak kaula Ki Aji Pangestu jeung Ki Ajar Pangestu, lamun geus ngawasa sakabeh jurus ieu, bakal deukeut kana tingkat  kasampurnaan hirup sarta bakal ngabogaan sipat welas asih ka sasama manusa oge ka sakabeh mahluk kaasup tutuwuhan sato jeung para mahluk gaib. Sakabehna eta bakal tunduk, sarta nurut pikeun babarengan ngabakti ka Allah nu maha sampurna.

Santana ngahuleng sabab ieu tulisan nyabit-nyabit ngaran dua guruna,  tapi manehna teu loba pikiran, sabab ceuk pangrasana engké rék ditanyakeun ka ki Ajar Pangestu di saung. Sanggeus lila ngimeutan nu aya di jero guha, santana manco ka batu nu aya di tengah tengah éta ruangan guha, batu éta ngarupakaeun tangtungan hiji jalma keur sila bari leungeunna namprak ngadoa, matana jiga nu meletet, biwirna jiga nu untap. Lamun ditetek hiji-hiji loba kaanéhan éhan  nu kapanggih di jero guha, tapi keur saharita manéhna geus cukup ngimeutan nu aya jeroeun guha, tapi dina haténa  weléh  nu jadi kapanasaran, saha nu sok meresihan jeroeun guha, da lalening bareresih, sarta biasana dijero guha pinuh ku lalay nu ngagarantung tapi ieumah taya hiji-hiji acan. Padaning kitu Santana akhirna kaluar ti jero guha, sarta rurusuhan numpak Si Belang anu akhirna ngabelesat ka saung tempat matuhna.

Sabada nepi ka saung ka sampak guruna Ki Ajar Pangestu keur sila bari nyanghareup ka jandéla saungna.

“Ti mana Jalu, guningan teu lila ngalanglang leuweung téh?”.

“Kabeneran Ki menakan guha, sarta asup ka jero guha, seueur kaanéhan-kaanéhan di lebet guha Ki” Ki Ajar Pangestu ukur seuri, barabat wae ngjelaskeun ngeunaan guha.

“Sabenerna nu ngajaga éta guha maung bodas, sarta nu meresihan di jerona tilu wanara sakti, ngan kulantaran hidep nu datang moal wanieun manggihan hidep sabab apaleun hidep kahareup nu bakal ngulik elmu kasaktén sakumaha nu digambarkeun di sisi-sisi guha, jeung deui ngeunaan hubungan jeung diri kula ogé Ki Aji Pangestu, anjeunna bapa kula duaan, sabab ti saprak indung kula dipergasa ku  rampog jadug nu dipimpin ku Si Durgala, nya tiharita Bapak kula mawa kula katut Ki Aji Pangestu adi kula ka éta guha dina waktu kula umur 4 taun sarta adi kula umur 2 tahun,  sarta sanggeusna kula jeung Ki Adi dewasa titah ngalalana nyingkah ti eta guha, sarta ceuk anjeunna awal akhir bakal aya pamuda guguru ka duaan nyaeta ka adi jeung ka kula, sarta akhirna lamun geus koredas élmu ti kula jeung Ki Adi kakara bisa meunang pangwaris elmu nu teu kungsi diturunkeun ka kula jeung ki Adi, sakumaha nu digambarkeun dina batu sisi-sisi guha  Jalma séjen moal bisa asup ka jero guha iwal sato nu ngajaga éta guha, sarta pamuda nu digambarkeun tadi, nya hidep jalu nu bakal bisa ngawasa elmu-elmu ti Bapa kaula, sabab kaasup kula jeung Ki Adi moal bisa asup tembus ka jero guha, tapi tunggu ayeunamah cukup nyaho wé heula, sabab saacan ngawasa elmu nu diwariskeun ti kula, hidep moal bisa asup deui ka jero guha.”

Ngadéngé hal caritaan ti nu jadi guruna, Santana ngahuleng, bari jeung ngarasa hanjakal teu lila aya di jero guha, tapi  teu bisa kumaha, iwal ti manéhna dina waktu Kudu sakeudeung ngaréngsékeun ngulik élmu ti Ki Ajar Pangestu. klik  cerita selanjutnya

(NYAMBUNG KA CARITA SATRIA PINILIH TI GUHA RAKSA SABANA BAGEAN KA-2)

Kamis, 16 Februari 2023

SANTANA KEUR NGALALANA BAGEAN KA 4

 

SANTANA KEUR NGALALANA

Carita nyambung bagẻan ka- 4)

(Kenging : Undang Sumargana) 

“Geus sẻsa waktu poẻ ieu jeung poẻ isuk hidep bisa ngalanglang ieu leuweung sorangan, pagẻto poẻ kemis hidep puasa nyenẻn kemis, peutingna dimimitian jam 12.00 tengah peuting urang prak mimitian ngalatih elmu pikeun nyeukeutan rasa.  Jig ayeunamah rẻk nyarap heula nyarap heula rẻk tuluy istirahat atawa ngalanglang ieu leuweung kuma hidep, asal ulah kaluar ti ieu leuweung komo nepi ka lemurmah

Ti bada magrib kenẻh bulan geus katẻmong nyorotkeun cahayana, malum harita maju tanggal 14 mangsana buleudan bulan katemong kabẻh. Gurat gurat di langit teu pati katẻmong ngan rupa biru bersih tandana alam maju halodo, angin dina pucuk pucuk tangkal, jiga nu nyebarkeun beja ka sakabeh alam pileuweungan yẻn di ẻta tempat bakal lahir jawara sajati nu peuting harita bakal mimiti digemblẻng.

Ti bada solat isa Santana geus diiberan yẻn pas jam 12.00 peuting kudu nyaring pikeun nampa pituduh awal ngalatih kaseukeutan rasa, nu disebut elmu Panggelar rasa, dimana elmu Panggelar Rasa geus di pimilik jalma bakal timbul welas asih ka sakabẻh mahluk anu kumalendang, sara sarta geleterna kaayaan sakabeh alam bakal bisa ngarasakeun.  Sabada solat isa Santana geus sarẻ, kitu deui Ki Ajar Pengestu. Jam 11.00 Santana geus dihudangkeun ku Ki Ajar sarta dititah kacai mandi heula, teu lila Santana geus aya hareupeun Ki Ajar, makẻ pakẻan sing sarwa bodas.

“Jalu Kasẻp aki rek ngajarkeun kahidep ẻlmu Panggelar rasa, prakprakanana dina dimimitian solat tobat, sangkan dosa-dosa hidep nu kaliwat meunang ampuan ti Allo, sabada bẻrẻs ngadoa, posisi hidep tetep sila, leungan ditamprakeun na luhur pingping bari  tramprakeun, pusatkeun pikiran ucapkeun lapad istigfar na hatẻ rasakeun geteran na leungeun lila lila bakal karasa aya  hawa jeung geteran murni  nu asup na sela-sela leungeun, sok saheula anan ẻta cara praktẻkeun nepi ka jam 03.30. kẻ ku aki jam 3.00 disamperukeun deui ka dieu”. Geus papatah ka muridna jorẻlat  Ki Ajar pangẻstu,   ngabelesat clẻ na pucuk bungur nu jadi deukeut saung manẻhna gẻ sarua  mraktẻkeun nu dipapatahkeun ka muridna, bedana manẻh namah diuk  dina pucuk bungur jiga nu ngarasa genah awakna hampang pisan, sedengkeun santana harita sila menekung dijero saung.

Sajeroning Santana sila bari namprakeun leungeun luhureun pingping, pikiranna museur ka nu maha Agung, biwirna ngunyem ngucapkeun istigpar, kana awakna karasa aya hawa murni asup lalaunan ngaliwatan ramo ramo, leungeun anu rangah. Beuki lila beuki loba ngahiji nyaliara dina  sakujur awakna, parat nepi kasatengah opat, kagareuwahkeun ku guruna anu geus aya di jero saung.

”Geus geura lugay jalu, cukup keur  peuting ieu, isuk hidep  wayahn kudu   puasa!” Santana ngajorelat muru tampian, teu lila geus balik deui ngadago waktu subuh

“Jalu, coba engkẻ, isuk isuk bada wirid hidep kaluar ngalanglang leuweung, tong heran lamun aya hal hal anu anẻh nu ka dengẻ atawa karasa ku hidep.  Waktu geus maju ka caang Jorẻlat baẻ manehna ngajorẻlat, waktu ngajorẻlat karasa memang aya nu anẻh awakna leuwih hampang ti sasari, sarta barang nepi kana taneuh, tina rungkun rungkun leuweung kadẻngẻ sora sora anu ngarawangkong ngan asa teu puguh pihartieunana, hal ẻta jadi pikiran santana

”Emmhhh… ieu meureun, hal-hal anẻh anu diobrolkeun ku guru tẻh”, ceuk Santana ngobrol sorangan”, beuki ditengetan ẻta sora nu kaluar tina rungkun tẻh singhorẻng sora sasatoan nu aya di jero leuweung keur ngobrol jeung baturna,

“Moal ieu tẻh kitu tahapan elmu Panggelar Rasa nu geus mimiti kapimilik ?” Santana teu loba mikir ngan jorẻlat deui baẻ ka saung, disaung akina mapagkeun ku seuri leutik,  keur Santana mah  namah kapanasaran.

“Diuk jalu” Ki Ajar Pangestu jiga nu surti kana pikiran Santana.

”Tong hẻran jalu naon nu karasa kadẻngẻ ku hidep, nganung harti elmu Panggelar rasa mimiti kapimilik ku hidep, lamun hidep geus tilu peuting ngalatih diri asal tekun insya Allah hidep bakal bisa ngahartikeun naon nu kadẻngẻ ku hidep. Malah sora tatangkalan ogẻ bakal bisa kabandungan, hartina hidep bisa ngahartikeun sora sasatoan sora tatangkalan, salian ti ẻta ẻlmu ngahampangkeun awak bakal leuwih sampurna”.

Ngabandungan obrolan guruna kitu, santana beuki yakin kana kamampuan guruna, ogẻ kana kakawasaan gusti Allah. Sarta itikad dina hatẻna pikeun ngalatih diri beuki soson soson

Tilu poẻ Santana lumaku kitu,  sarta poẻ ka opat kudu ngalakukeun hal nu sarupa dina luhur pucuk tangkal kai jangkung dina puncerna, waktuna sarua salila 3 poẻ. Poẻ ka 7 ka 8 jeung ka salapan, dilakukeun bari diuk dina luhur kulit cai nu aya di Talaga Kahuripan, dina poẻ ka sapuluh Santana geus bisa ngarasakeun robahna kaayaan dirina, Awakna geus bisa ngarasakeun elmu ngahampangkeun awak anu geus bisa nepi katahapan puncerna, pangrunguna anu geus seukeut luar biasa, bisa ngarti kana basa sasatoan, bahasa tatangkalan, jeung kaseukeutan indrana indra lahir oge kaseukeutan batinna. Ki Aji Pangestu bungah ningal kaayaan muridna anu ngalaman kamajuan anu sakitu rongkahna, sanajan masih loba elmu tutungkusan anu can diwariskeun ka muridna.

Hiji waktu pasosore santana jeung guruna  diuk sisi talaga, bari ngarasakeun nikmatna  hiliwir  angin, ngarasakeun lenglangna  langit anu kasinaran ku cahya panonpoe, nimulkeun cahya sumirat lire mas sinangling.

”Jalu kasep, elmu panggelar rasa geus dikawasa kuhidep, sakaligus jeung dipimilikna elmu ngahampangkeun awak anu geus nepi kana tahapan puncerna kaseukeutan pangrungu jeung batin hidep, geus hesẻ nẻangan tandingna, tapi nu paling poko, sikap welas,  sikap asih ka papada jalma kudu terus ditingkatkeun, kitu deui rasa asih ka papada mahluk gusti liana”

“Nuhun aki, tapi abdi teu weleh neda bimbingan terus ti Aki”

      “Emmhh geus pasti jalu, malah Latihan kahareupna bakal leuwih beurat, sabab aki niat ngawariskeun sakabẻh elmu ka hidep. Tapi sing inget jalu luhureun langit, aya langit, almu manusa taya nu sampurna, taya elmu pamungkas, ngan gusti Allah nu maha sampurna, elmu nu dipimilik ku urang lir ibarat sakeclak cai dilautan dibandingkeun jeung kakawasaan Allah".   

Nyambung kana carita saterusna ”SANTANA SATRIA PINILIH NU WELAS ASIH"

Sabtu, 11 Februari 2023

SANTANA KEUR NGALALANA BAGEAN KA-3

 

SANTANA KEUR NGALALANA

Carita nyambung bagẻan ka- 3

(Kenging : Undang Sumargana) 

Poẻ beuki beurang sang Giwangkara nyorotkeun cahayana sumirat di langit, langit lenglang, rupa biru paselang jeung bodas, cicirẻn maju halodo rẻk manjang.Tatangkalan ting pelenoy katebak angin, jiga nu gugupay ka Santana nu kakarẻk sapoẻ aya didinya, sedengkeun Santana dibarengan ku Ki Ajeng Pangẻstu muru ka Talaga nu jarakna kira-kira 100 meter ti saung tempat pangrerebanana.

”Tah ieu jalu talaga nu dipakẻ mandi ku hidep kamari, katelahna talaga kahuripan, caina memang canemrang herang sabab ngarupakeun  cai nu kaluar tina matan cai seserepan  akar tutuwuhan. Jalma sẻjẻn euweuh nu wani ngalanto komo manimah didieu keurmah tempatna jauh ka lemur, lampah boga anggapan sanget, padahal nu puguhmah merẻ kahirupan ka sakabẻh sato nu aya di sabudeureun ieu leuweung. Coba lamun tadi isuk-isuk pisan atawa engkẻ maju kaburit, ku urang bisa kasaksian sato nu mani di ieu talaga.

”Muhun leres Ki abdi kamari ngarasakeun segerna cai Talaga.”

”Tah kahareupmah sapoẻ sakali hidep kudu mani bari ngojay di  ieu talaga, ngojay bulak balik ti sisi Beulah dieu nuju ka tungtung balik deui kadieu, lah paling aya 250 meteran jadi bulak balik 500 meter, cukup keur Latihan napas olah raga di ieu talaga.”

”Muhun Ki, tapi asana moal kiat bulak balikmah”.

”Nu matak perlu ngabiasakeun keur ngalatih kakuatan awak”.

“Hayu rang kabeulah ditu jalu!”

“Santana nuturkeun asup ka jero leuweung tapi teu lila mangih tegalan nu pinuh ku jukut, ditengahna aya tangkal kiara anu raweuy ku akar gantung anu geus jarangotan”

”Tah jalu akar ieu bisa dipakẻ ngalatih kakuatan leungeun naẻk ka puncer kiara”. Kitu jeung kitu wẻ sapoẻ ẻtamah Santana diwanohkeun ka sabudeureun ẻta tempat. Ari ngalieuk ka Beulah wẻtan Santana nempo saabrulan merak di sisi tegalan, katempo merak bikang keur ngabẻbẻr bẻbẻr jangjangna mikat sang jalu sangkan nyalampeurkeun, Tetempoan  anu kacida ẻndahna, di luhur kiara,  monyet gugulayunan, jiga nu mamẻrkeun kabisana. Sato sato nu aya di dinya teu sarieuneun malah loba nu ngadeukeutan jiga nu hayang leuwih wanoh utamana ka Santana nu kakara saliwat ditepungkeun ku Ki Aji Pangestu.

”Yu ah Jalu cukup poẻ ieumah kukurilingan di sabudeureun ieu tempat, rang ka Talaga bari meresihan awak sakalian Aki hayang apal nepi kamana kakuatan hidep ngojay di talaga.” Duanana ngabelesat muru talaga, katempona teu napak kana taneuh ngagunakeun ẻlmu ngahampangkeun awak nu geus aya  dina tataran nu luhur, aya kalana melesat luluncatan dina pucuk-pucuk tangkal. Teu kungsi lila geus narepi kasisi talaga. Tuluy maruka pakean tinggal kolor nu dipakẻ

Jalu sok rang balap jeung aki bulak balik nepi deui ka sisi beulah dieu, Aki Ajar Pangestu ngabelesat nyuruwuk dina kulit  cai, sakapeung ngalelep jeroeun cai, sedengkeun Santana nuturkeun jauh katingaleun, sanajan manẻhna naker tanagana, Santana masih ditengah Si Aki geus balik deui papapag, nepi kasisi Santana geus renghap ranjug tapi maksakeun balik deui sedeng Aki Ajar Pangestu geus nepi deui ka sisi  tempat panginditan tadi. Ahirna dina jarak waktu nu cukup lila Santana nepi deui ka sisi kadeukeut si Aki dina napas nu renghap ranjug. Nepi kasisi Santana nyarandẻ sisi talaga bari ngatur napasna.

“Uuuhh, budak ngora, ẻleh ku aki-aki jalu”

“Aduh capẻ Ki”

”Nu matak jalu kudu mineng dilatih, sarta kudu apal ẻlmuna makẻ dadasar anu bener.” Geus wẻ poẻ ieumah anggur urang kasaung muru solat lohor sarta ngareureuhkeun ka capẻ. Muru ka saung dina lẻngkah biasa sakumaha ilaharna leumpang jalma sapopoẻ teu ngabelesat ngagunakeun ẻlmu ngahampangkeun awak.

Sabada ngalaksanakeun solat lohor, Ki Ajar  Pangestu, ngahaja ngajak ngobrol Santana, sarta ti mimiti harita Santana diangkat jadi muridna.

“Jalu ti mimiti ayeuna hidep resmi jadi murid Aki, sanajan hidep didieu kakara  sapoẻ, tapi aki geus bisa ngukur nepi kamana tahapan kamampuan hidep, sanajan keur ukuran jalma biasa mah  elmu kanuragan hidep lain bantrak bantrakeun, oge ẻlmu batin nu dicangking ku hidep geus cukup luhur. Aki yakin elmu nu diturunkeun ku budak sakaligus murid aki Ki Aji Pangestu geus koredas ditamplokeun kabeh, tapi teu sakabẻh elmu Aki dipimilik ku Ki Aji, nu matak Ki Aji ngajurung hidep neangan Aki ogẻ. Keur Aki bungah jalu sabab hidep bakal jadi panerus aki nuluykeun tapak lacak nanjeurkeun bebeneran ngabasmi kajahatan, nu teu bisa karẻngsẻkeun, malah sapanjang dunya ngadeg kajahatan moal ngalakon musna, nu penting usaha urang satekah polah, bari jeung urang kudu nyaho elmu bebenran saluyu jeung panungtun agama Islam ageman urang.

”Pangẻstu Ki Guru, abdi bingah liwat saking dijantenkeun murid Aki, sarta janji dina manah bakal soson soson ngalap ẻlmu ti Aki, tong asa-asa Aki nalingakeun sareng ngalempengkeun abdi, Malum abdi masih atah perlu bimbingan Aki” Santana nyarita pinuh k uku rasa Ajrih sarta kabungah nu taya kendatna.

“Geus sesa waktu poẻ ieu jeung poẻ isuk hidep bisa ngalanglang ieu leuweung sorangan, pageto poẻ kemis hidep puasa nyenen kemis, peutingna dimimitian jam 12.00 tengah peuting urang prak mimitian ngalatih elmu pikeun nyeukeutan rasa. Jig ayeunamah rek nyarap heula nyarap heula rek tuluy istirahat atawa ngalanglang ieu leuweung kuma hidep, asal ulah kaluar ti ieu leuweung komo nepi ka lemurmah.

Santana muru ka tempat dahareun, aya cau asak cukup keur sasarap beurangmah, teu lila amitan ka Guruna ngan belesat waẻ kaluar clẻ manehna nangtung na puncer  kai ki Hiang  kira-kira jauhna 7 meter ti saung. Culang cileung jleng deui luncat kana tangkal lamẻ, kitu jeung kitu wẻ ahirna manehna nepi kategalan nu tadi, terus ngeprokeun leungeun luhureun sirahna sakumaha anu pernah dipraktẻkeun ti Guruna, teu kanyoan tingkurunyung sasatoan, sanajan reuwas tapi yakin eta sato moal aya nu wani ganggu ka manẻhna. Teurs ngadeukeutan maung Lodaya jalu anu kacida gedẻna, ẻta lodaya ngan ukur kupat kepot buntutna bari jeung ngaletakkkan sukuna, jiga nu manggih kabungah nu taya papadana.

”Hẻi lodaya ngaran maneh timimiti ayeuna ku kula disebut sibelang, sarta anjeun jadi sobat sakaligus jadi  tutumpakan di mana diperlukeun, tah lamun kula manggil ngaran belang ngandung harti anjeun kudu  datang”

Si belang ukur ngagerem bari kupat kepot buntutna tandaning ngarti kana naon nu diomongkeun ku Santana.

” Jig nu sẻjẻn nyingkah tapi anjeun belang milu jeung kula” satu nu sẻjen lalumpatan deui ka ruyuk sedengkeun si belang kalah ngalenehan ka santana. Clak waẻ Santana numpak kana tongongna.

“Hayu belang rang ngurilingan leuweung, tapi teu kudu lumpat leumpang biasa wẻ. si belang maju lalaunan, leumpang sakumaha kahayang Santana. Santana naplok na tonggong Si Belang.

”Tarikan belang majuna?” Si Belang rada lumpat tapi teu Tarik, maju terus ka wetan sarta lamun terus maju bakal nepi ka Pasir ampok, bisa turun ka lemur Cangkuang atawa bisa mengkol ka Cirarangkon, anu kadituna bras ka  Citaneuh beureum atawa lempeng ka Leuweun Cimaung ,ka Babakan teus ka Kampung Tenjosari. Tapi da Santana teu maksud kaluar ti Leuweung komo kalemur tempat nganjrek jelema atuh meureun matak ibur, Santana katut si Belang ngan ukur nepi ka sisi leuweung geledegan. Terus balik deui nyaksrak leuweung, akhirna nepi deui katempat nu tadi, Santana turun terus ngusapan tonggong Si Belang.

”Cukup Belang keur poẻ nuhun,  jig hidep bisi rẻk liar deui” Si Belang unur unuran bari melong ka Sntana jleng luncat gorobas kanu bala. Sedengkeun santana ngabelesat muru ka pancuran rẻk ngabersihan awak. Beres mani tuluy muru hawu ngaliwet saperti biasa lumrah make suluh,

          ( nyambung ka bagean 4) 

Jumat, 10 Februari 2023

SANTANA KEUR NGALALANA (BAGEAN KA- 2)

 

SANTANA KEUR NGALALANA

Carita nyambung bagean ka- 2

 

poẻ beuki beuki peuting, malah moal lila maju ka janari leutik, kadẻngẻ babaung sora ajag ti kajauhan, malum kaayaan saung di tengah huma dilingkung ku leuweung geledegan leuweung nu tara kasaba ku manusa, tapi keur Ki Ajar Pangestu anu biasa hirup ditengah leuweung teu ieuh jadi keueung manehna geus biasa hirup pagaliwota jeung sato galak, atawa luluncatan  tina batu kana batu, malah luluncatan kawas nu hiber tina tangkal kana tangkal. Kitu deui Santana nu kiwari aya di saung Ki Ajar, manehna lain Pamuda samanẻa  datang ka dinya lain kabawa kusakaba-kaba tapi nohonan parẻntah guruna Ki Aji Pangestu jawara sakti ti daerah Mira Mareu Garut. Sabab sanggeus pangarti bẻak dikeprukeun ka muridna, Ki Aji Pangestu miharep Santana bisa namahan pangaweruh kanu jadi Bapakna nu matuh di Gunung Payung,  Kiwari kaasup Desa Cikukulu Kacamatan Karangnunggal.Kiwari memang geus ramẻ, tapi bayangkeun dina taun 1810 an kaayaan tempat harita.

Kuniang Ki Ajar Pangestu hudang lalaunan, panonna neuteup ka Santana anu kabeneran masih ngagolẻr.

“Emmh…ieu si Jalu calon murid kula, bagja temen, keur kasẻp tẻh katempo warugana sarta bentuk tulangna tareuas jeung ngarareusi.” Gerentes hatẻna, Ki Ajar Pangestu muru lawang Saung, kalayan teu asa-asa jleng luncat jiga nu hiber clẻ nincak batu nu aya gigireun pancuran. Ari ku jalma biasamah asa mustahil ngalayang ka handap bari jeung ti saung jarakna aya kira-kira 10 meter, sedengkeun jangkungna saung kira-kira 5 meter,  aya tangga sotẻh jarang di pakẻ itung-itung keur nyumputkeun jati diri nu sabenerna.

Santana anu titatadi mẻlẻtẻt peupeureuman, ngawaskeun kana pari polah Ki Ajar Pangestu  Aki Guruna sakaligus calon guruna.

“Emh…hẻbat nurutan ah” Jleng kalayang manehna gẻ luncat nincak ditempat panincakan Ki Ajar tadi, sanajan datangna rada ngajarigjeg tapi teu nepikeun ka labuh.

“Hẻhẻhẻ… jalu, naha ngagalẻong sing teteg ulah ngagalẻong” Ki Ajar ngageuhgeuykeun bari jeung teu ngarẻt rẻrẻt acan, nganelkeun kaseukeutan rasa jeung pangrunguna.

Bẻrẻs Ki Ajar Pangẻstu mandi, santana oge terus mandi din cai pancuran anu meunang nyolẻng ti mata cai di tempat rada luhur deukeut tangkal picung. Karasa awakna seger ngarasakeun baseuhna cai maseuhan bandanna. Jiga nu merẻ kakuatan anyar kakuatan alam nu ngahiji dina sakuliah badan jeung pangrasana. Gusat gesut ngarawẻl anuk jeung kolor nu nyampay na tangkal kuciat. Melong ka luhur saung jleng kalayang luncat clẻ nincek lawang saung.

“Tah kitu jalu ngan masih can lemes kadẻngẻ kẻnẻh ngagebligna” Ceuk Ki Ajar Pangẻstu nu geus makẻ sarung ngadagoan Santana. Santana ngan ukur mesem ngarumasakeun can bisa nurutan Ki Ajar Pangestu.

Prak duanana  Solat tahajud, masing masing, menekung kanu maha agung, doa nu datang tina kaikhlasan hatẻ,  nembus langit parat ka gagana wiati. Masing-masing kelebuh dina doa nu dikedalkeun, karumasaan masih can bisa nyingkahan dosa, lampah masih loba salah.

Waktu geus manjing ka subuh, Ki Ajar komat dina geter sora pinuh ku galindeng rasa jeung rumasa salaku mahluk nu taya tangan pangawasa.

“Sok Jalu jadi imam, bari tuluykeun wiridan, aki ngamamum”

“Ikh teu wantun Ki, nga Aki ti payun!”

“Ikh akimah geus rada rẻro, hidep nu sorana ngocrang kẻnẻh.

Santana akhirna teu wasa nolak jadi imam sanajan ngarasa ajrih ogẻ ka Ki Ajar.

Beres sholat subuh dituluykeun kana wiridan,  Panon poẻ mimiti meletẻk kakara duanana cengkat tina pangdiukan.

”Jalu sok geura salin, kẻ tuturkeun aki kahandap ka  tempat masak”

Teu talangkẻ santana salin kalayan nuturkeun Ki Ajar pangẻstu. Aya hal nu anẻh, nengetan Ki Ajar masak, kastrol nu dieusi beas jeung cai sarta lauk nu ditumpangkeun dituruban di jero kastrol diteuneun di luhur hawu tapi teu diseuneuan. Ki ajar nempelkeun leungeunna kana kastrol, bari kunyam mapatkeun hiji lapad, kastrol katempo mimiti panas, lila-lila caina ngagolak sarta kira-kira sapuluh menit geus kangseu seungitnyelengseng tandana geus asak, jigana ku akibat hawa panas anu kaluar tina dampal leungeun Ki Ajar Pangẻstu.

Santana teu nyarita ngan ukur anteng mancokeun paneuteup kana naon nu dipilampah ku Ki Ajar Pangẻstu. Dina hatẻna tumahya naha ajian naon nu di kaluarkeun ku Ki Ajar Pangẻstu.

”Geus teu kudu hẻran jalu anggur hayu rang ka saung urang sarapan heula”.

Jorẻlat-jorẻlat, duanana ngan sakilat geus aya di jero saung. Terus ngajẻmprak ngahanca liwet katut rencangna. Bẻrẻs sarapan Ki Ajar ngagupay Santana sangkan ngadeukeutan.

Jalu tah nu tadi tẻh nu disebut elmu baraja geni, ẻta elmu nyoko kana kakuatan saluran hawa panas kana dampal leungeun, sabenernamah dina jiwa manusa nu masih hirup ngancik hawa panas, ngan kari bisa ngolah, nya ẻta ku cara ngolah raga jeung ngolah rasa. kẻ kahareup ku Aki diajarkeun ti dasarna. Ayeunamah urang kukurilingan waẻ supaya hidep  nyaho kaayaan ieu wewengkon, tapi kẻ tos solat duha.

Bẻrẻs sholat duha tarurun muru ka huma, nu parẻna keur beuneur hejo, nunggu sakeudeung deui panẻn.

Tah Jalu ieu Tẻh huma nu ngahaja dipelak sangkan teu kudu turun gunung dimana perlu bẻas. Nutuna tuh jubleb tina galeuh nangka ngarendẻng jeung haluna. kabẻh sato moal aya nu wani ganggu iwal ti sato nu datang anyar nu can apaleun ka aki. Geura sato-sato nu araya disabudeureun tempat urang geroan.

Teu lila Ki Ajar Pangẻstu ngeprokeun dua leungeuna diluhureun sirahna, anu matak heran ti unggal rungkun kalaluar sasatoan jiga nu hayang padeukeut deukeut. Aya oray, lutung bangsaning monyẻt malah sato sato nu galede oge kaasup maung, badak, ari bangsaning manukmah nyarengclẻ dina tangkal-tangkal nu deukeut. Ah pokona sabangsaning sato ti sato leutik nepi ka sato gedẻ, kabẻh ngadareukeutan.

Teu lila Ki Ajar Pangestu nyarita. “Hei para sato hewan sobat kaula, ieu di gigir kula Si Jalu Si Kasep  calon murid kula ngarana Santana, hidep ulah ganggu ka incu kaula, pabẻja-bẻja kanu teu datang ayeuna. Oge lamun di gero ku  Si Jalu hidep kudu datang jeung nurut kana parẻntahna.

”Sok Kasẻp Jalu keprokeun leungeun hidep luhureun sirah nurutan Aki”.

Santana  nurut kana parẻntah Ki Ajar Pangẻstu, leungeunna diangkat kaluhureun sirah bari dtepukkeun Tarik pisan “Prok,Prok, Prok” sakali deui jalu “Prok,Prok, Prok” Tah kitu sobat sora pangilan kode ti murid kaula.

Kabeh sato ngagerakeun sirahna tandaning ngarti, Santana teu bisa nyarita ngan ukur ngemu kahẻran nu taya watesna.

“jig ayeunamah sobat-sobat kaula geura nyingkah geura balangsiar”.

        Kabẻh satu tingbelecet rurusuhan nyingkah ti ẻta tempat, komo nu deukeut maungmah nyasatna tibabaranting. Tah jalu hidep geus diwanohkeun ka sakur sasatoan nu aya di ieu leuweung, lamun hidep perlu tinggal ngeprokeun leungeun cara tadi, ogẻ sato bakal nurut sarta bakal ngarti kana omongan hidep, tinggal hidep kudu  diajar sangakan ngarti kana omongan sato. Hal ieu merlukeun latihan olah hate olah rasa anu daria.

        (nyamung ka bagean 3)

Kamis, 09 Februari 2023

SANTANA KEUR NGALALANA (BAGEAN KA-1)

 

  SANTANA KEUR NGALALANA    

                                                Bagian ka-1

(Kenging Undang Sumargana)

Giwangkara sumirat ti beulah kulon cahyana murub mubyar ngahibaran alam, hiji jajaka keur ngarasakeun tiisna cai talaga, ngarasakeun hiliwirna angin, ngarasakeun liuhna talaga nu kahibaran rungunukna daun  tatangkalan nu tumuwuh sisi talaga.
SANTANA KEUR NGALALANA (BAGEAN KA-1)

Giwangkara sumirat ti beulah kulon cahyana murub mubyar ngahibaran alam, hiji jajaka keur ngarasakeun tiisna cai talaga, ngarasakeun hiliwirna angin, ngarasakeun liuhna talaga nu kahibaran rungunukna daun  tatangkalan nu tumuwuh sisi talaga.

“Emh….asa geus jauh nyorang lalampahan ngalalana, niat neangan luang, Nyukcruk hiji sepuh nemonan parentah guruna”, gerentes hate jajaka bari babatek ngaleungitkeun rereged na awakna” lalaunan muru ka sisi talaga terus ngagibrigkeun cai tina  awakna, sarta rap deui make pakean nu ngalumuk di sisi talag.  Awakna karasa seger deui,
“Tapi waktu moal lila maju ka magrib” Ceuk pikirna manehna nyokot kaputusan pikeun modok neangan tempat pangrereban nepi ka subuh. Waktu  manehna kukurilingan, bari luak lieuk, teu kanyahoan aya lengkah gancang, sarta ngorobas ti jero rungkun aya maung  keur mampret lumpat, Santana kaget geuwat meped kana sisi  tangkal bungur nu daunna ngarunggunuk hejo.
“Hus sia teh awas siah mun datang datang deui ngaganggu sato inguan dewek” ceuk hiji kolot bari ngulang ngulang paneungeul. Eta maung ngagaur bari mangpret lumpat Tarik pisan. Ari si aki teu kebat ngudagna.
“Bagea, Jalu anaking , tong molohok,  hayu milu kasaung” teu loba mikir Santana nuturkeun eta lalaki muru ka hiji saung luhur jangkung nuaya di tengah tengah huma.
“Sok unggah Jalu, tuh aya liwet jeung pais lauk di juru saung tuh caina dina kukuk” santana teu loba carita koloyong wae ka sisi saung muka liwet dina kastrol sarta pais lauk”
“Sok jalu tong asa-asa, eta oge sesa aki samemeh ngaberik si Tangkurak”
“Di tampi Ki”, Santana ngahempak ngahanca liwet jeung pais lauk, karasa nimatna sabab geus sababaraha minggu lalampahan ukur manggih bubuahan. Beres dahar curulung nyicikeun cai kana batok kalapa nu geus herang lesang.
“Sok tah jalu diuk didieu bari ngobrol bari reureuh, geus sare didieu, sabab moal lila magrib”.
“Cageur jalu,  Ki Aji Pengestu guru hidep?” ceuk eta lalaki anyar pinanggih.
Santana kaget alah batan paamprok jeung maung nu tadi.
“Aya hibar Ki” Santana ngajawab bari asa-asa.
“Tong kaget jalu ieu kula Ki Ajar Pangestu nu jadi guruna   guru hidep”. Santana atoh jeung leuwih kaget deui bae, tetela ieu kolot teh nu keur diteangan nemonan parentah guruna. Brek wae aniprek bari nyuuh na pangkonan eta kolot.
“Alhamdulillah Ki, abdi tos dua  minggu asruk-asrukan, teu nyana ditepangkeun di dieu”
“Geus hidep tong heran jalu anaking, anguran mah urang solat magrib heula ke tos Isa di tuluykeun deui ngobrol.”
“Duanana turun ti saung luhur mapay tangga, eta saung luhurna kira-kira 5 meter ditihangan ku tangkal jati petingan anu lumayan cukup gede Wangunanna kacida wewegna, ukuranna kira kira 3 x 4 meter,  tiungna hateup dilapisan ku injuk ti l;uhurna. Keur nu can biasamah turun unggah mapay tangga sakitu teh  lumayan matak cape, tapi keur Ki Ajar pangestu, sanajan umurna geus leuwih saratus  taun, teu jadi masalah, awakna masih waringkas kaleker, batinna pinuh ku pangeusi estu kasipuh pangarti  luar jero.
Beres wudu kalacat deui unggah ka luhur ngalaksanakeun solat magrib, diteruskeun babacaan munajat nepi ka Isa, sarta sanggeusna manjing Isa diteruskeun ngalaksanakeun solat Isa.
“Tah Jalu mun can tunuh aya copy cai panasna na teko Almunium, masih panas, da teko etamah lumayan awet panasna.”
”Jalu saenyana kadatangan hidep, ku aki geus ditunggu-tunggu ti kamari, memang ka Aki geus aya ilapat 4 poe ka tukang, saenyana ti barang hidep mandi di Talaga, ku aki geus kaciri, tapi diantep hayang nyaho kumaha hidep manggihkeun tempat Aki”
“Saleresna Ki,  Santana tos asa putus harepan geus 2 minggu nyungsi leuweung ngasruk tegalan, sare sakaparan-paran, barang dahar sakapanggih nu aya dileuweung, ayeuna pareng ditepangkeun, alhamdulillah Ya Allah”.
“Geus Jalu, da memang jalana hirup aya nu ngatur, teu beunang dihayang-hayang teu beunang di emung-emung, hayang jeung emung lain urang nu boga tapi Allah anu kagungan, malah urang oge gubrag ka dunya lain meunang hayang, waktuna maot teu bisa emung. Sakabeh mahluk ayana tina euweuh, engke na waktuna teu bisa emung lamun Malakal maot ngaeuweuhkeun urang ti dunya, nyabut nyawa sakabeh mahluk, ka asup Malakal maot malaikat  nu diparentahkeun ku Allah nyabut nyawa bakal ngalaman maot.Ngan Allah nu ayana asal tina aya bakal terus langgeng salilana.”
“Duh Ki katampi pisan eta cariosan aki, jadi ngalugaykeun deui kasadaran tina hakekat hirup.”
“Geus jalu geura istirahat, tuh aya amparan kulit mencek meunang ngampuhkeun 5 kulit mencek di hijikeun, bantalna tuh dijuru, ke Jam tilu wayahna kudu geus hudang”
“Muhun Ki sok sanaos masih sono ngobrol, tapi ieuh soca geus karaos tunduh”
“Santana ngamparkeun kulit mencek, nyokot bantal, kabeneran aya bantal 2 hiji ewang jeung Ki Aji Pangestu”
Di jero saung geus teu kadenge deui nu ngarawangkong, di luar cahya purnama ngebrak nyaanganka sakuliah alam, Angin ge ngadadak tingtrim geus teu nyoara deui, ukur simeut Nangka, ciang-ciang sarta sasatoan  nu sejenna disarada lir paduan sora gamelan nu kacida endahna.
 
Nyamung ka bagean 2
 

Featured Post

HABIB ALI ALHABSYI DENGAN KAROMAHNYA

KHARAMAH HABIB ALHABSYI:  BISA DENGAR SUARA TASBIH DAN BENDA MATI HABIB ALI ALHABSYI DENGAN KAROMAHNYA Habib Ali Alhabsyi nama lengkapnya H...