BERANDA

Tampilkan postingan dengan label CARPON. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label CARPON. Tampilkan semua postingan

Selasa, 20 Agustus 2024

DONGÈNG GURU PANGGIH JEUNG MURID NU TEU MEUNANG TANDA JASA

DONGÈNG GURU PANGGIH JEUNG MURID  
NU TEU MEUNANG TANDA JASA 

rajasastra-us.blogspot.com Alam Pakidulan diharudum ku halimun tanda rek ganti usum, katiga enggeus wekasan diganti ku usum hujan. 
 " Geus tujuh puluh Salapan taun merdeka teh!" Ceuk Aki Oyo dina hatena. " Nini ari duit gajih teh aya keneh ?" " Pan di dinya Aki dina koropak. " Aki Oyo kokoreh kana koropak, gorehel manggih duit kencring sarebuan hiji jeung lima ratusan hiji. " Aya sarebu lima ratus deui gening Nini " " Enya da ngan sakitu kituna deui Aki eta teh sesa meuli ubar jeung meuli beas!" " Arek dibawa ku Aki keur bekel lalajo pawai, sugan cukup keur meuli sirop bisi Aki hanaang. " " Heueuh pek bae! " 
 " Hampura we Nini da geuning gajih teh geus sababaraha taun ge teu naek-naek! " " Sieuneun labuh meureun Aki da puguh geus kolot teu wanieun tataekan. " Ceuk si Nini bari seuri, teuing nyeungserikeun dirina teuing nyeungseurikeun nasibna. Tokroh tokroh Aki Oyo kundang iteuk rek lalajo pawai agustusan. Minangkana mah hayang aub milu ngaramekeun poe kamerdikaan nu ka tujuh puluh dalapan Lalaunan mapay jalan nu brasna ka Alun-alun Situraja. Unggal nempo barudak SD nu rek pawai reg manehna eureun. " Baheula mah apan aing nu ngaluluguan barudak pawai teh. Euh barudak sing saroleh, sing rajin nyiar elmu sangkan jaga aya gunana keur nagara, bangsa katut agamana. " Ceuk Aki Oyo, dina hatena rusras inget ka mangsa katukang waktu manehna jadi guru sakola dasar. Sora kandaraan jeung tatabeuhan pabaur jadi hiji teu puguh dedengean, " Tah gening geus daratang nu rek pawai teh. " ceuk Aki Oyo. Aleutan motor ngabring marawa bandera beureum bodas pating kelebet matak reueus kana hate, aya oge nu dibeulitkeun kana awak teuing ngarah kumaha, maranehna teu eureun ting gorowok, "Merdeka .....merdeka....merdeka! " 
 " Nyisi kehed...na aki-aki teh geus hayang paeh kitu! " Ceuk salah saurang pemuda nu dibonceng dina motor, bari terus gogorowokan deui, 
 "Merdeka....merdeka.... merdeka! " cenah. Aki Oyo reuwas luncat ka sisi ampir tikusruk, sendal capitna pegat sabeulah. " Euh barudak sing saralamet mangkahade ulah cul dogdog tinggal igel ngeusi kamerdikaan teh ulah wungkul dina sungut, tapi kudu jeung prakna luyu jeung pancen masing masing, nu sarakola sing rajin dialajarna, para pamimpin sing toweksa dina mingpinna, rayat sing narurut ka pamarentah, padagang ulah kudu curang, patani kudu niat babakti ka lemah cai, para pajabat kudu bisa merangan napsuna." Ceuk Aki Oyo teu weleh sabar. Masih lumangsung keneh perjuangan teh gening, ngan ayeuna mah perjuangan merangan hawa napsu. Burudul abrulan mobil dibarengan sirene matak katorekan, kendaraan sejen nyarisi da bapa-bapa ti luhur bade ngalangkung. "Merdeka...merdeka... merdeka!" Jol deui mobil nu muka bak tukangna dibarengan ku halow-halow, aya nonoman perlente nu gugupay euh meureun calon pejabat. " Merdeka!" ceuk Aki Oyo nurutan batur. Hawa jalma nu pagegelek matak bayeungyang, Aki Oyo ngarasa hanaang, koloyong nyampeurkeun tukang sirop, " Jang cik Aki meuli sarebueun! " " Teu bisa atuh Ki kudu lima rebu, pan ayeuna mah gulana ge mahal, sagala ge marahal!" Ceuk tukang dagang. Aki oyo ukur bisa neureuyan ciduh keur maseuhan tikorona. Geus merdeka teh geuningan hahargaan mah marahal keneh. Rurat reret sugan aya nu dagang surabi atawa pisang goreng meureun bisa meuli hiji mah, tapi da moal aya nu dagang bangsa kitu dinu kieu mah. Mending diuk dina buk sisi jalan bari megat nu bubaran pawai ceuk Aki Oyo. Soloyong aya mobil bodas, Aki Oyo beuki nyisi, tapi naha eta mobil teh make eureun jut turun hiji jajaka kasep make pakean bodas, Aki Oyo beuki meped-meped wae na pan aing teh teu ngagokan teu ngahalangan jalan. Srog teh pamuda tadi nyampeurkeun, naha pan aing mah teu boga dosa. ceuk Aki Oyo " Punten Bapa, dupi Bapa teh Pa Guru Oyo ?" " Enya bareto mah Encep, da ayeuna mah tinggal tunggulna!" Ana gabrug teh eta jajaka ngagabrug Aki Oyo " Bapa Guru naha hilap deui ka abdi?" Aki Oyo mureleng nyidik nyidik eta pamuda, lebeng teu inget. " Ieu teh Suryadi murid Bapa nu pangbangorna!" Can kapikir keneh bae, " Kapungkur pan abdi teh nu ditangtungkeun hareupeun papan tulis! " 

BACAAN LAINNYA:
Bray-bray pikiran Aki Oyo inget mangsa katukang, ning kolot Suryadi teh datang ka sakola teu rido anakna ditangtungkeun hareupeun papan tulis. " Ari ayeuna Yadi teh di mana?" " Ari damel mah di Rumah Sakit Umum Sumedang, di bagean jantung. " " Alhamdulillah. " " Pami teu diajar disiplin ku Bapa mah abdi teh moal janten Dr. (Doktor). Boa teu janten nanaon." Ceuk Suryadi pinuh karumasaan. Ieu geuning tanda jasa nu bukti nyata teh, generasi bangsa nu berguna tur berakhlakul karimah. Gening ayana dokter, insinyur, sarjana hukum, drs. jeung sajabana teh ku ayana jasa guru. " Dupi Pa Guru ayeuna bade mulih, hayu ku Yadi urang jajapkeun! " " Moal waka Ujang, Bapa mah masih betah ningali pawey kamerdikaan. " " Muhun atuh ari kitu mah " Ngomong kitu teh Yadi bari ngasupkeun duit kana pesak Aki Oyo, lambaran beureum aya lima lambarna, najan kekepehan ge Aki Oyo, keukeuh kudu narima. Pruy hujan miripis niiskeun hate Aki Oyo nu tadina panas bayeungyang. Girimis munggaran mapaesan sawangan mangsa katukang " Merdeka " ceuk Aki Oyo Aki Oyo ngagidig leumpang bari ngajingjing sendal nu pegat. Hate guligah ning aya nu ngaku aing boga jasa, ngawujudkeun generasi bangsa nu leuwih hade. " Ni...Nini...ieu Aki balik, yeuh oleh-oleh martabak jeung sate iting nu kaimpi impikeun ku Nini tea " " Na gening Aki boga duit ?" Ceuk Nini Oyo gumbira. Poe eta Aki jeung Nini Oyo ngarasa merdeka pinuh ku kagumbiraan. 
TAMAT  Klik di sini
Salam baktos sim kuring kahatur 
Bapa Ibu Guru di mana bae ayana.

Kamis, 15 Agustus 2024

HIJI POE DI SABUDEUREUN PASANTRÉN



                                             HIJI POE DI  SABUDEUREUN PASANTRÉN

Kenging :  Undang Sumargana, 

HIJI POE DI  SABUDEUREUN PASANTRÉN


rajasastra-us.blogspot.com Angin nyilisib tina érang-érang, hawar hawa  ti masjid  sora nu tahrim ngagalindeng ngaleu panjang  sakapeung  jempé ka timpa ku sora nu ngaji di masjid sején.

“Ya arhamar rohimin irhamna!  Ya arhamar rohimin irhamna!” ...

Lalaunan Rangga cengkat bari babatek,” Subhanalloh geuning geus waktu janari moal lila waktu subuh” Tuluy muru pancuran tukangeun imahna, nu dikocorkeun tina cinyusu ti lamping gunung leutik nu pinuh ku tutuwuhan kira-kira jarak 100 M  ti imah kulawarga Rangga.  Segerna cai pancuran, nyelesep karasa mawa seger meraykeun rereged nu nyangkaruk dina awakna.

Berés mandi asup deui ka imahna, rap disarung jeung di baju koko paranti solat, tuluy ngarawél kopéah, saged muru masjid nu ukur paeunteng-eunteung, ti imahna kahalang ku jalan kampung. Di masjid geus nyampak sababaraha urang santri katut ramana Mama Ajengan Husni. Prak angga solat syukrul wudu 2 rokaat di selang ku dua, terus solat tahajud 4 rokaat 4 rokaat disambung ku witir 3 rokaat dekul wé wiridan.

Rangga nyuuh dina pangsujudan maca doa paneda  keur sakumna muslimin muslimat boh nu masih hirup atanapi nu tos maot. Salian ti éta ngadoa khusus pikeun ramana Mama Ajengan Rohman, ogé keur dirina supaya ditetegkeun sareng dipancegkeun  kayakinan sarta dilancarkeun urusanana,  enggké jam 09.00  bakal datang para inohong ti kacamatan nu dibarengan ti kapulisian katut para inohong ti Desa nu mawa pangusaha jugala  ti kota ngabadamikeun masalah leuweung leutik nu jadi sumber cai rék dibeuli ku pangusaha jugala pikeun “Air Minral”, memang geus sababaraha kali Pak Kepala Desa datang ngalalanyah tapi Ajengan Rohman tetep meré putusan moal rék nukeurkeun  éta leuweung, kana janji-janji amis, pang nyieunkeun jalan, pangeangunkeun pasantren, sabab manehna oge jeung masyarakat sabudeureunana masih mampu, bari teu kudu ngorbankeun leuweung leutik sumber cai keur kahirupan rahayat sabudeureunana.

Bacaan lainnya:

Jam 09.00 isuk-isuk para inohong geus datang kalayan di tempatkeun di ruangan  Bale santri anu lumayan lega, sanajan kur diuk ngampar samak jeung karpét taya korsi taya méja. Dimimitian ku pangatur acara budak santri nu geus biasa cumarita, Nya nepi kanu poko wawakil ti pangusaha ngadadarkeun maksudna, kalayan pinuh ku pangoloan jeung pangbibita sangkan éta tanah nu jadi sumber cai dibikeun dijual kana harga anu kacida pikauruyeunanana. Dijejeran ku Pak camat, milu ngadukung ka pangusaha kalayan jiga nu rada maksa sangkan tanah bisa di jual.

Pikeun jawabanana di serenkeun ka Rangga putrana mama ajengan Rohman, Rangga maju kahareup sanggeus ménta widi ti ramana.

    “Nepangkeun sim kuring Rangga, nyuluran pun bapa, oge salaku sulur ti masarakat sabudeureun ieu kampung, Sim kuring ti kawit gubrag lahir  hirup di ieu kampung, kalayan sabada nyukcurk elmu  kalayan tamat dipaguron luhur kenging gelar insinyur,  niat balik deui ka ieu kampung. Sartsa sim kuring apal pisan masalah gunana leuweung/tutuwuhan, sumber cai pikeun ningkatkeun karaharjaan rahayat, nu sababarha taun katukang ieu tanah dipakampungan bulistir taya pepelakan, kalayan alpukah pun bapa dijejeran sareng tua kampung katut jasa masyarakat sabudeureunana bisa jadi kampung nu hejo lembok curcor cai subur dipelakananana, lamun temah eta tanah di ical raraosan asa moal dipasihkeun sanaos kana dipangaoskeun kana triliunan oge. Margi ieu sumber cai bakal jadi milik pangusaha Rakyat moal kabagéan. Naha Bapa Camat Bapak Kepala Desa sinareng sadérék sadaya rek téga ngorbankeun kahirupan masyarakat, ku jalan nukeurkeun ieu leuweung kana duit oge janji-janji amis anu sanesna? Rangga teteg pisan nyaritana kalayan make alesan ku kajian ilmiah, nu bisa mere jawaban tandes tur alesan nu kaharti pangna éta taneuh teu dibikeun, Malah pak camat oge Pak Kades sinareng inohong nu sejenna asa kapeupeuh puhu ceuli, éra parada hanyakal jadi dékéng pangusaha, teu nyana di éta kampung aya jajaka Kasep nu pinter ahli kahutanan ahli pertanian , nu capetang kalayan teteg dina kayakinan.

Kaayaan rada panas, ogé adu “Argumen” Tapi kalayan tatag sarta tandes sakabeh omongan ti pihak camat  katut rombongan bisa kajawab kalayan maké  alesan”ilmiah” anu merenah ku Rangga, ogé mama ajengan Rohman, katut masyarakat anu lianna.  Malah masyarakat anu nyaksian aya nu surak sagala  awahing ku suka. Dipolototan ku pulisi anu nyaroren pestol, tapi warga kalah nembongkeun sihung bari nemongkeun bedog anu di sorénna, Da puguh marawa bedog rek tuluy ka kebon.

Riungan bubar kira-kira  jam 11.30 rombongan pak camat katut para inohong oge pangusaha jugala marulang, kalayan jiga nu teunangan, masyarakat masih ngariung kalayan pinuh ka bungah bisa mertahankeun éta leuweung sumber kahirupan manéhna.

“Boa euy pak Camat Pak kades oge inohong lianna  geus meunang pangleuleueur, pedah balikna jiga nu kapupul sabab teu hasil anu dimaksud”

“His tong sok suudon, bubar we  ayeunamah sakeudeung deui solat lohor, ke we rek kakarebonmah tos lohor” Mama Ajengan Rohman ngahulag, kalayan teu lila riungan bubar.  Klik di sini

 Bantarkalong,     Januari 2022

 


Featured Post

HABIB ALI ALHABSYI DENGAN KAROMAHNYA

KHARAMAH HABIB ALHABSYI:  BISA DENGAR SUARA TASBIH DAN BENDA MATI HABIB ALI ALHABSYI DENGAN KAROMAHNYA Habib Ali Alhabsyi nama lengkapnya H...