SATRIA PINILIH TI GUHA RAKSA SABANA (BAGIAN 1)
Wargi sadaya ieu carita terasna tina carita “Santana Keur ngalalana “ ngahaja di judulan “Satria
Pinilih ti Guha Raksa Sabana”. Saluyu tempat nu jadoi pangrereban Santana dina
ngasakeun elm una.
sim kuring ngagarap deui carita nu katunda anu geus cukup lila. Bilih aya wargi nu can kantos maos carita sa teuacana tiasa diungkab deui dina carita “Santana Keur Ngalalana ti bagian ka 1 nepi ka bagian ka 6.
Ringkesan carita Santana Keur
ngalalana bagean 6
Santana manggihan Guha nu ngaranna Guha Raksa Sabana, didinya katitenan aya tulisan jeung gambar-gambar anu ngarupakeun elmu silat dina tataran luhur. Ti saurang pendekar nu ngaranna “Ki Ajar Sakti” anu akhirna katalungtik yen Ki Ajar Sakti ngarupakeun Bapa ti Dua Guru Santana. Ti harita Santana keyeng hayang asup deui ka Guha tapi teu bisa sabab kudu ngawasa heula elmu ti guruna Ki Ajar Pangestu. Ti harita Santana soson soson diajar ti Ki Ajar Pangestu, anu akhirna Santana mikamilik sakabeh elmu Ki Ajar Pangestu. Nya waktu ieu Santana Asup Ka Guha Raksa Sabana kalawan ijin jeung restu ti guruna
SATRIA PINILIH TI GUHA RAKSA SABANA (BAGEAN 1)
Sabada solat subuh harita the , santana geus manco hareupen
nu jadi guruna Ki Ajar Pangestu
“Jalu anaking, isuk-isuk poé ieu hidep geus waktuna asup ka
jero guha Raksa Sabana, wayahna hidep moal bisa di barengan ku Kula, sabab iwal
ti hidep nu bisa asup ka jero guha, sarta tilu wanara
Sakti jeung maung bodas, nu bisa lalar liwat, bisa maturan hidep sarta
nyadiakeun kaperluan hidep. Sok jalu sadatang ka jero guha kabeh nu aya di jero guha bakal mere pituduh pikeun
hidep di ajar pengaweruh nu bakal jadi warisan ti Bapak Kula Ki Ajar Sakti ”.
“Ki Guru salami ieu
putra rumaos seueur nyesahkeun, elmu Ki Guru no tos kapimilik mugia
manfaat, insya Allah Santana baris
ngajalankeun sakumaha nasehat pun Guru”
“Kula rek ngawariskeun ieu gegaman mangrupa Cameti Sakti
pikeun gegaman hidep di mana hidep hiji waktu bisi adu hareupan jeung musuh,
tapi tong digunakeun lamun teu kapaksa, engke oge bakal aya pituduh kumaha cara
ngagunakeun nana”. Santana namapanan eta gegaman mangrupa cameti anu
digulungkeun, karasa waktu ditampanan aya
hawa tiis nu nyaliara kana
sakujur awakna.
“Hiji deui jalu ieu bungkusan rompi jeung calana cingkrang nu
dijieun tina kulit lodaya 20 taun ka tukang, bisa dipaké ku hidep lamun pareng
hidep turun gunung, lamun hidep maké ieu
rompi jeung calanana moal aya pakarang nu bisa nembus kana awak hidep sarta
dilengkepan jeung tutup sirah sarta sapasang sapatuna”. Nga geter Santana nampanan barang ti Guruna, aya nu
ngeclak ngalembereh dina pipina cimata kabungah sarta rasa sedih kingkin bakal
papisah jeung guruna.
“Bral jalu geura indit nuju ka jero Guha”. Guruna ngarangkul
Santana. Sanggeus lesot tina rangkulan
Guruna ngaleos atuh santana teu loba carita, jleng luncat clé neté na
batu handapeun tangkal caringin teurus Santana ngageroan Si belang, teu lila Si
Belang geus aya hareupeunnana.
“Belang hayu hidep, milu ka Kula, ke kukula diwawuhkwun jeung
tilu Wanara Sakti oge maung bodas”.
“Si Belang nemalan bari ngunggutkeun sirahna”. Jleng Santana
luncat kana tonggong Si Belang, belesat lumpat Tarik naker, teu lila geus aya
dihareupeun lawang guha, di dinya geus nyampak maung Bodas sarta tilu Wanara
Sakti. Sakilat Santana geus aya hareupeun Maung Bodas sarta tilu Wanara Sakti,
“He Sobat-sobat kaula ieu batur kula Si belang bakal jadi
batur hidep, tapi wayahna belang hidep moal bisa kaluar asup ka guha, sarta
belang hidep moal bisa nembus lawang
guha. Hidep jaga di luar sawaktu-waktu mun ieu Si Bodas jeung wanara
kaluar hidep bisa babarengan, saluyu jeung paréntah Si Bodas”. Si Belang
ngadeukeutan maung bodas sarta manéhna ngaléndotan Si Bodas sarta tilu wanara,
tandaning nurut kana carita Santana, sarta manéhna baris nurut ka paréntah
sarta jadi sobat Maung Bodas ogé tilu Wanara Sakti.
Santana terus asup ka Jero guha, dituturkeun ku Maung Bodas
sarta tilu wanara Sakti, Ari Si Belang ngaléos kana rungkun deukeut guha nu aya
batu niung ngajegir. Sabada nepi ka jero guha, Santana diuk na batu nu
ngadémprak, manéhna menekung ka nu agung sarta nyeukeutkeun pangrasa, panenyo
sarta pangdéngena, ku hal itu Santana geus bisa nganyahokeun sakabéh nu aya di
jero guha kaasup tampian tempat wudu ogé paranti mandi, sarta tempat
paranti sholat.
“Emh… bener bener luar biasa ieu guha, sagala kumplit lir
ibarat wangunan imah anu kacida laluasana” Santana ngilikan pituduh anu aya
dina sisi guha pikeun nalungtik kudu timana manéhna mimiti diajar, akhirna
Santana mangihan tulisan ngajeblag anu unina kieu.
“Bismillah wiwitan gawé pancegkeun haté nu ikhlas leungeun
namprak dina dada sila na amparan bumi, sirah tungkul bari syukur, insya Allah
sagala hal bakal mangfaat natrat asal
terus marifat, sajam satengah bada subuh tong kaganggu ku rasa tunuh”. Akhirna
Santana ngarti naon mimiti nu kudu dilakukeun. Nganung harti kula timimiti subuh engké geus kudu
ngalakonan ieu pituduh. Akhirna santana mapayan sagala pituduh nu ngajareblag
dina batu sisi guha. Teu karasa waktu geus nepi ka lohor hal éta datang tina
isarah batu anu bentukna saperti kohkol nitir lamun geus waktuna solat.
Santana muru tampian sarta kumplit aya tempat bubuang,
singhoréng eta tampian nyurug tina sumer cai nu di kocorkeun ku coléng awi,
sarta tina tampian nyamung kaluar kawalungan gedé anu aya di luareun guha,
sedengkeun dua meter ti tampian aya lawang leutik paranti kaluar asup ka sisi
walungan, aya pituduh husus pikeun muka jeung nutup eta panto nu dijieun tina batu, ku cara mencét tomol batu.
Hal éta kanyahoan tina tulisan dina kulit
kelenci nu nga haja disiapkeun ku Ki Ajar Sakti.
Nyobaan Santana muka eta panto saluyu jeung pituduh, panto
lalaunan muka sarta diluar aya batu niung sarta pangdiukan paranti nyawang
kaéndahan sisi walungan sarta kaéndahan séjén nu aya di jero guha. Tapi santana
teu lila sabab maksudna ogé rék mandi tuluy solat. Dina hiji kamer di jero guha
cukup kira-kira keur 5 urangeun.
Beres solat santana ulak ilik néangan ruang khusus pikeun
leleson nya kapangih aya hiji ruangan ukuran 3 meter ka opat meter dijerona aya
batu ngabentuk meja nu geus ditumpangan ku kulit eme leuweung leuwih ti cukup
keur saré duaaneun sarta karasa empuk sabab dilapisan ku kapuk menunang
mungkus.
“Subhanalloh ieu mah tempat sare anu kacida méwahna,
gerenendeng haté Santana. Sedengkeun maung bodas milu nuturkeun sok sanajan
ngan ukur di sisi lawang kamar. Minangkanamah ngajaga jeung nalingakeun gerak
gerik Santana.
BACAAN LAINNYA
- METAFAKURI PENCIPTAAN LANGIT DAN ALAM
- SASAMBAT SANG BANYU KEUR KAMANUSA JEUNG 3 SAJAK SEJENNA
- DI PUNCAK KARANG TAWULAN
“Bodas milu asup jeung kula maneh sare di jero jeung kula! “
“Maung Bodas ngagideugkleun sirahna tandaning nolak kana
pamenta Santana”.
“Santana ngarti kana panolak Si Bodas memang Tugas SI Bodas ngajaga diluareun kamer”.
Sangeus ngaso sakeudeung santana kaluar deui ti jero kamar,
manehna neruskeun nalungtik nu aya di jero guha kalayan di papay taya nu
kaliwat. Santana beuki ngarasa helok, sabab tempat tempat diguha kacida endahna
pinuh ku hiasan alam anu moal eleh ku buatan manusa. Malah aya hiji kenop ari
diteken ti luhur ting baranya sababarha batu mancarkeun cahaya nepikeun ka éta
dijero guha ngempray caang, sing horéng éta kenop ngahubung jeung panutup batu
batu nu caang tadi.
“Ya Allah sanajan éta batu nu mancarkeun cahaya batu alam,
tapi tapi diropéa make leungeun manusa anu kacida trampilna” Gerentena hatV
manehna pinuh kurasa helok anu taya
bandingna.
Teu karasa datang waktu asar, datang waktu asar, sabada solat
Santana ditungtung ku wanara nuju kana hiji ruangan. Sing horeng karuangan
tempat dahar didinya geus nyampak beuleum taleus, beuleum lauk, malah aya
bubuahan jeung cai heneut tina teko nu dijieun tana awi sarta cangkir awi
parenti nginumna. Santana ngan ukur
ngarérét ka wanara, Wanara méré isarat sangkan Santana ngeusian beuteng.
Waktu beurang kaganti ku sorē
manjing asar teu lila datang magrib.
Maju kapeuting Santana ngagolédag dina pangsaréan sabada
ngalaksanakeun kawajiban jeung babacaan sakumaha umat muslim.
Jam 03.00 manehna geus ngoréjat hudang pikeun tahajud sarta
ngadagoan wanci subuh. Sabada solat subuh manéhna ngahaja muru tempat anu rada
lega. Leungeunna nampark dina dada, sirah tungkul sarta pikiranana musat kanu
kawasa, hawa tiis nyulusup nyaliara kana awakna, teu kanyahoaan ku dirina aya
cahaya bodas semu cekas ngalimpudan dirina anu akhirna asup kana awakna bareng
jeung rasa haneut ngalimpoudan awakna. Kusantana dirasakeun bari jeung di
kadalikeun ku cara narik leungeuna kana hulu
ati. Kitu jeung kitu we nepi ka beurang, karasa awakna leuwih hampang
lir meunang kakuatan anyar. Hal eta dilakukeun salila 3 subuh, nepika sinar
bodas herang nu asup kana awakna bener bener geus dipimilik ku dirina, nepika
awakna bisa hampang ngalayang leumpang dina angin nu taya tincakeun. Sing
horeng Inti tina elmu saepi angin nu pernah diajarkeun ku guruna geus nepi
katahapan anu sampurna, dina harti manehna bisa leupang dina tempat nu taya
tincakeun ngalayang di awang-awang. Poe ka opat jeung saterusna manēhna ngalatih jurus jurus sakumaha anunantrat
dana batu di jero guha kabeh dilatih satahap -satahap taya nu kaliwat. Saperti
harita manehna ngalatih elmu baraja geni dina tahapan akhir. Sinar biru bisa
kaluar tina leungeunna kalayan bisa ngaluarkeun panas anu rohaka. Ku jalan
ngaluarkeun inti panas, panas nu bis kaluar kacida rohakana, beusi bae bisa
leyur jadi cai.
KLIK DI SINI
NYAMBUNG KA BAGEAN 2
Tidak ada komentar:
Posting Komentar