BERANDA

Sabtu, 11 Februari 2023

SANTANA KEUR NGALALANA BAGEAN KA-3

 

SANTANA KEUR NGALALANA

Carita nyambung bagẻan ka- 3

(Kenging : Undang Sumargana) 

Poẻ beuki beurang sang Giwangkara nyorotkeun cahayana sumirat di langit, langit lenglang, rupa biru paselang jeung bodas, cicirẻn maju halodo rẻk manjang.Tatangkalan ting pelenoy katebak angin, jiga nu gugupay ka Santana nu kakarẻk sapoẻ aya didinya, sedengkeun Santana dibarengan ku Ki Ajeng Pangẻstu muru ka Talaga nu jarakna kira-kira 100 meter ti saung tempat pangrerebanana.

”Tah ieu jalu talaga nu dipakẻ mandi ku hidep kamari, katelahna talaga kahuripan, caina memang canemrang herang sabab ngarupakeun  cai nu kaluar tina matan cai seserepan  akar tutuwuhan. Jalma sẻjẻn euweuh nu wani ngalanto komo manimah didieu keurmah tempatna jauh ka lemur, lampah boga anggapan sanget, padahal nu puguhmah merẻ kahirupan ka sakabẻh sato nu aya di sabudeureun ieu leuweung. Coba lamun tadi isuk-isuk pisan atawa engkẻ maju kaburit, ku urang bisa kasaksian sato nu mani di ieu talaga.

”Muhun leres Ki abdi kamari ngarasakeun segerna cai Talaga.”

”Tah kahareupmah sapoẻ sakali hidep kudu mani bari ngojay di  ieu talaga, ngojay bulak balik ti sisi Beulah dieu nuju ka tungtung balik deui kadieu, lah paling aya 250 meteran jadi bulak balik 500 meter, cukup keur Latihan napas olah raga di ieu talaga.”

”Muhun Ki, tapi asana moal kiat bulak balikmah”.

”Nu matak perlu ngabiasakeun keur ngalatih kakuatan awak”.

“Hayu rang kabeulah ditu jalu!”

“Santana nuturkeun asup ka jero leuweung tapi teu lila mangih tegalan nu pinuh ku jukut, ditengahna aya tangkal kiara anu raweuy ku akar gantung anu geus jarangotan”

”Tah jalu akar ieu bisa dipakẻ ngalatih kakuatan leungeun naẻk ka puncer kiara”. Kitu jeung kitu wẻ sapoẻ ẻtamah Santana diwanohkeun ka sabudeureun ẻta tempat. Ari ngalieuk ka Beulah wẻtan Santana nempo saabrulan merak di sisi tegalan, katempo merak bikang keur ngabẻbẻr bẻbẻr jangjangna mikat sang jalu sangkan nyalampeurkeun, Tetempoan  anu kacida ẻndahna, di luhur kiara,  monyet gugulayunan, jiga nu mamẻrkeun kabisana. Sato sato nu aya di dinya teu sarieuneun malah loba nu ngadeukeutan jiga nu hayang leuwih wanoh utamana ka Santana nu kakara saliwat ditepungkeun ku Ki Aji Pangestu.

”Yu ah Jalu cukup poẻ ieumah kukurilingan di sabudeureun ieu tempat, rang ka Talaga bari meresihan awak sakalian Aki hayang apal nepi kamana kakuatan hidep ngojay di talaga.” Duanana ngabelesat muru talaga, katempona teu napak kana taneuh ngagunakeun ẻlmu ngahampangkeun awak nu geus aya  dina tataran nu luhur, aya kalana melesat luluncatan dina pucuk-pucuk tangkal. Teu kungsi lila geus narepi kasisi talaga. Tuluy maruka pakean tinggal kolor nu dipakẻ

Jalu sok rang balap jeung aki bulak balik nepi deui ka sisi beulah dieu, Aki Ajar Pangestu ngabelesat nyuruwuk dina kulit  cai, sakapeung ngalelep jeroeun cai, sedengkeun Santana nuturkeun jauh katingaleun, sanajan manẻhna naker tanagana, Santana masih ditengah Si Aki geus balik deui papapag, nepi kasisi Santana geus renghap ranjug tapi maksakeun balik deui sedeng Aki Ajar Pangestu geus nepi deui ka sisi  tempat panginditan tadi. Ahirna dina jarak waktu nu cukup lila Santana nepi deui ka sisi kadeukeut si Aki dina napas nu renghap ranjug. Nepi kasisi Santana nyarandẻ sisi talaga bari ngatur napasna.

“Uuuhh, budak ngora, ẻleh ku aki-aki jalu”

“Aduh capẻ Ki”

”Nu matak jalu kudu mineng dilatih, sarta kudu apal ẻlmuna makẻ dadasar anu bener.” Geus wẻ poẻ ieumah anggur urang kasaung muru solat lohor sarta ngareureuhkeun ka capẻ. Muru ka saung dina lẻngkah biasa sakumaha ilaharna leumpang jalma sapopoẻ teu ngabelesat ngagunakeun ẻlmu ngahampangkeun awak.

Sabada ngalaksanakeun solat lohor, Ki Ajar  Pangestu, ngahaja ngajak ngobrol Santana, sarta ti mimiti harita Santana diangkat jadi muridna.

“Jalu ti mimiti ayeuna hidep resmi jadi murid Aki, sanajan hidep didieu kakara  sapoẻ, tapi aki geus bisa ngukur nepi kamana tahapan kamampuan hidep, sanajan keur ukuran jalma biasa mah  elmu kanuragan hidep lain bantrak bantrakeun, oge ẻlmu batin nu dicangking ku hidep geus cukup luhur. Aki yakin elmu nu diturunkeun ku budak sakaligus murid aki Ki Aji Pangestu geus koredas ditamplokeun kabeh, tapi teu sakabẻh elmu Aki dipimilik ku Ki Aji, nu matak Ki Aji ngajurung hidep neangan Aki ogẻ. Keur Aki bungah jalu sabab hidep bakal jadi panerus aki nuluykeun tapak lacak nanjeurkeun bebeneran ngabasmi kajahatan, nu teu bisa karẻngsẻkeun, malah sapanjang dunya ngadeg kajahatan moal ngalakon musna, nu penting usaha urang satekah polah, bari jeung urang kudu nyaho elmu bebenran saluyu jeung panungtun agama Islam ageman urang.

”Pangẻstu Ki Guru, abdi bingah liwat saking dijantenkeun murid Aki, sarta janji dina manah bakal soson soson ngalap ẻlmu ti Aki, tong asa-asa Aki nalingakeun sareng ngalempengkeun abdi, Malum abdi masih atah perlu bimbingan Aki” Santana nyarita pinuh k uku rasa Ajrih sarta kabungah nu taya kendatna.

“Geus sesa waktu poẻ ieu jeung poẻ isuk hidep bisa ngalanglang ieu leuweung sorangan, pageto poẻ kemis hidep puasa nyenen kemis, peutingna dimimitian jam 12.00 tengah peuting urang prak mimitian ngalatih elmu pikeun nyeukeutan rasa. Jig ayeunamah rek nyarap heula nyarap heula rek tuluy istirahat atawa ngalanglang ieu leuweung kuma hidep, asal ulah kaluar ti ieu leuweung komo nepi ka lemurmah.

Santana muru ka tempat dahareun, aya cau asak cukup keur sasarap beurangmah, teu lila amitan ka Guruna ngan belesat waẻ kaluar clẻ manehna nangtung na puncer  kai ki Hiang  kira-kira jauhna 7 meter ti saung. Culang cileung jleng deui luncat kana tangkal lamẻ, kitu jeung kitu wẻ ahirna manehna nepi kategalan nu tadi, terus ngeprokeun leungeun luhureun sirahna sakumaha anu pernah dipraktẻkeun ti Guruna, teu kanyoan tingkurunyung sasatoan, sanajan reuwas tapi yakin eta sato moal aya nu wani ganggu ka manẻhna. Teurs ngadeukeutan maung Lodaya jalu anu kacida gedẻna, ẻta lodaya ngan ukur kupat kepot buntutna bari jeung ngaletakkkan sukuna, jiga nu manggih kabungah nu taya papadana.

”Hẻi lodaya ngaran maneh timimiti ayeuna ku kula disebut sibelang, sarta anjeun jadi sobat sakaligus jadi  tutumpakan di mana diperlukeun, tah lamun kula manggil ngaran belang ngandung harti anjeun kudu  datang”

Si belang ukur ngagerem bari kupat kepot buntutna tandaning ngarti kana naon nu diomongkeun ku Santana.

” Jig nu sẻjẻn nyingkah tapi anjeun belang milu jeung kula” satu nu sẻjen lalumpatan deui ka ruyuk sedengkeun si belang kalah ngalenehan ka santana. Clak waẻ Santana numpak kana tongongna.

“Hayu belang rang ngurilingan leuweung, tapi teu kudu lumpat leumpang biasa wẻ. si belang maju lalaunan, leumpang sakumaha kahayang Santana. Santana naplok na tonggong Si Belang.

”Tarikan belang majuna?” Si Belang rada lumpat tapi teu Tarik, maju terus ka wetan sarta lamun terus maju bakal nepi ka Pasir ampok, bisa turun ka lemur Cangkuang atawa bisa mengkol ka Cirarangkon, anu kadituna bras ka  Citaneuh beureum atawa lempeng ka Leuweun Cimaung ,ka Babakan teus ka Kampung Tenjosari. Tapi da Santana teu maksud kaluar ti Leuweung komo kalemur tempat nganjrek jelema atuh meureun matak ibur, Santana katut si Belang ngan ukur nepi ka sisi leuweung geledegan. Terus balik deui nyaksrak leuweung, akhirna nepi deui katempat nu tadi, Santana turun terus ngusapan tonggong Si Belang.

”Cukup Belang keur poẻ nuhun,  jig hidep bisi rẻk liar deui” Si Belang unur unuran bari melong ka Sntana jleng luncat gorobas kanu bala. Sedengkeun santana ngabelesat muru ka pancuran rẻk ngabersihan awak. Beres mani tuluy muru hawu ngaliwet saperti biasa lumrah make suluh,

          ( nyambung ka bagean 4) 

Jumat, 10 Februari 2023

SANTANA KEUR NGALALANA (BAGEAN KA- 2)

 

SANTANA KEUR NGALALANA

Carita nyambung bagean ka- 2

 

poẻ beuki beuki peuting, malah moal lila maju ka janari leutik, kadẻngẻ babaung sora ajag ti kajauhan, malum kaayaan saung di tengah huma dilingkung ku leuweung geledegan leuweung nu tara kasaba ku manusa, tapi keur Ki Ajar Pangestu anu biasa hirup ditengah leuweung teu ieuh jadi keueung manehna geus biasa hirup pagaliwota jeung sato galak, atawa luluncatan  tina batu kana batu, malah luluncatan kawas nu hiber tina tangkal kana tangkal. Kitu deui Santana nu kiwari aya di saung Ki Ajar, manehna lain Pamuda samanẻa  datang ka dinya lain kabawa kusakaba-kaba tapi nohonan parẻntah guruna Ki Aji Pangestu jawara sakti ti daerah Mira Mareu Garut. Sabab sanggeus pangarti bẻak dikeprukeun ka muridna, Ki Aji Pangestu miharep Santana bisa namahan pangaweruh kanu jadi Bapakna nu matuh di Gunung Payung,  Kiwari kaasup Desa Cikukulu Kacamatan Karangnunggal.Kiwari memang geus ramẻ, tapi bayangkeun dina taun 1810 an kaayaan tempat harita.

Kuniang Ki Ajar Pangestu hudang lalaunan, panonna neuteup ka Santana anu kabeneran masih ngagolẻr.

“Emmh…ieu si Jalu calon murid kula, bagja temen, keur kasẻp tẻh katempo warugana sarta bentuk tulangna tareuas jeung ngarareusi.” Gerentes hatẻna, Ki Ajar Pangestu muru lawang Saung, kalayan teu asa-asa jleng luncat jiga nu hiber clẻ nincak batu nu aya gigireun pancuran. Ari ku jalma biasamah asa mustahil ngalayang ka handap bari jeung ti saung jarakna aya kira-kira 10 meter, sedengkeun jangkungna saung kira-kira 5 meter,  aya tangga sotẻh jarang di pakẻ itung-itung keur nyumputkeun jati diri nu sabenerna.

Santana anu titatadi mẻlẻtẻt peupeureuman, ngawaskeun kana pari polah Ki Ajar Pangestu  Aki Guruna sakaligus calon guruna.

“Emh…hẻbat nurutan ah” Jleng kalayang manehna gẻ luncat nincak ditempat panincakan Ki Ajar tadi, sanajan datangna rada ngajarigjeg tapi teu nepikeun ka labuh.

“Hẻhẻhẻ… jalu, naha ngagalẻong sing teteg ulah ngagalẻong” Ki Ajar ngageuhgeuykeun bari jeung teu ngarẻt rẻrẻt acan, nganelkeun kaseukeutan rasa jeung pangrunguna.

Bẻrẻs Ki Ajar Pangẻstu mandi, santana oge terus mandi din cai pancuran anu meunang nyolẻng ti mata cai di tempat rada luhur deukeut tangkal picung. Karasa awakna seger ngarasakeun baseuhna cai maseuhan bandanna. Jiga nu merẻ kakuatan anyar kakuatan alam nu ngahiji dina sakuliah badan jeung pangrasana. Gusat gesut ngarawẻl anuk jeung kolor nu nyampay na tangkal kuciat. Melong ka luhur saung jleng kalayang luncat clẻ nincek lawang saung.

“Tah kitu jalu ngan masih can lemes kadẻngẻ kẻnẻh ngagebligna” Ceuk Ki Ajar Pangẻstu nu geus makẻ sarung ngadagoan Santana. Santana ngan ukur mesem ngarumasakeun can bisa nurutan Ki Ajar Pangestu.

Prak duanana  Solat tahajud, masing masing, menekung kanu maha agung, doa nu datang tina kaikhlasan hatẻ,  nembus langit parat ka gagana wiati. Masing-masing kelebuh dina doa nu dikedalkeun, karumasaan masih can bisa nyingkahan dosa, lampah masih loba salah.

Waktu geus manjing ka subuh, Ki Ajar komat dina geter sora pinuh ku galindeng rasa jeung rumasa salaku mahluk nu taya tangan pangawasa.

“Sok Jalu jadi imam, bari tuluykeun wiridan, aki ngamamum”

“Ikh teu wantun Ki, nga Aki ti payun!”

“Ikh akimah geus rada rẻro, hidep nu sorana ngocrang kẻnẻh.

Santana akhirna teu wasa nolak jadi imam sanajan ngarasa ajrih ogẻ ka Ki Ajar.

Beres sholat subuh dituluykeun kana wiridan,  Panon poẻ mimiti meletẻk kakara duanana cengkat tina pangdiukan.

”Jalu sok geura salin, kẻ tuturkeun aki kahandap ka  tempat masak”

Teu talangkẻ santana salin kalayan nuturkeun Ki Ajar pangẻstu. Aya hal nu anẻh, nengetan Ki Ajar masak, kastrol nu dieusi beas jeung cai sarta lauk nu ditumpangkeun dituruban di jero kastrol diteuneun di luhur hawu tapi teu diseuneuan. Ki ajar nempelkeun leungeunna kana kastrol, bari kunyam mapatkeun hiji lapad, kastrol katempo mimiti panas, lila-lila caina ngagolak sarta kira-kira sapuluh menit geus kangseu seungitnyelengseng tandana geus asak, jigana ku akibat hawa panas anu kaluar tina dampal leungeun Ki Ajar Pangẻstu.

Santana teu nyarita ngan ukur anteng mancokeun paneuteup kana naon nu dipilampah ku Ki Ajar Pangẻstu. Dina hatẻna tumahya naha ajian naon nu di kaluarkeun ku Ki Ajar Pangẻstu.

”Geus teu kudu hẻran jalu anggur hayu rang ka saung urang sarapan heula”.

Jorẻlat-jorẻlat, duanana ngan sakilat geus aya di jero saung. Terus ngajẻmprak ngahanca liwet katut rencangna. Bẻrẻs sarapan Ki Ajar ngagupay Santana sangkan ngadeukeutan.

Jalu tah nu tadi tẻh nu disebut elmu baraja geni, ẻta elmu nyoko kana kakuatan saluran hawa panas kana dampal leungeun, sabenernamah dina jiwa manusa nu masih hirup ngancik hawa panas, ngan kari bisa ngolah, nya ẻta ku cara ngolah raga jeung ngolah rasa. kẻ kahareup ku Aki diajarkeun ti dasarna. Ayeunamah urang kukurilingan waẻ supaya hidep  nyaho kaayaan ieu wewengkon, tapi kẻ tos solat duha.

Bẻrẻs sholat duha tarurun muru ka huma, nu parẻna keur beuneur hejo, nunggu sakeudeung deui panẻn.

Tah Jalu ieu Tẻh huma nu ngahaja dipelak sangkan teu kudu turun gunung dimana perlu bẻas. Nutuna tuh jubleb tina galeuh nangka ngarendẻng jeung haluna. kabẻh sato moal aya nu wani ganggu iwal ti sato nu datang anyar nu can apaleun ka aki. Geura sato-sato nu araya disabudeureun tempat urang geroan.

Teu lila Ki Ajar Pangẻstu ngeprokeun dua leungeuna diluhureun sirahna, anu matak heran ti unggal rungkun kalaluar sasatoan jiga nu hayang padeukeut deukeut. Aya oray, lutung bangsaning monyẻt malah sato sato nu galede oge kaasup maung, badak, ari bangsaning manukmah nyarengclẻ dina tangkal-tangkal nu deukeut. Ah pokona sabangsaning sato ti sato leutik nepi ka sato gedẻ, kabẻh ngadareukeutan.

Teu lila Ki Ajar Pangestu nyarita. “Hei para sato hewan sobat kaula, ieu di gigir kula Si Jalu Si Kasep  calon murid kula ngarana Santana, hidep ulah ganggu ka incu kaula, pabẻja-bẻja kanu teu datang ayeuna. Oge lamun di gero ku  Si Jalu hidep kudu datang jeung nurut kana parẻntahna.

”Sok Kasẻp Jalu keprokeun leungeun hidep luhureun sirah nurutan Aki”.

Santana  nurut kana parẻntah Ki Ajar Pangẻstu, leungeunna diangkat kaluhureun sirah bari dtepukkeun Tarik pisan “Prok,Prok, Prok” sakali deui jalu “Prok,Prok, Prok” Tah kitu sobat sora pangilan kode ti murid kaula.

Kabeh sato ngagerakeun sirahna tandaning ngarti, Santana teu bisa nyarita ngan ukur ngemu kahẻran nu taya watesna.

“jig ayeunamah sobat-sobat kaula geura nyingkah geura balangsiar”.

        Kabẻh satu tingbelecet rurusuhan nyingkah ti ẻta tempat, komo nu deukeut maungmah nyasatna tibabaranting. Tah jalu hidep geus diwanohkeun ka sakur sasatoan nu aya di ieu leuweung, lamun hidep perlu tinggal ngeprokeun leungeun cara tadi, ogẻ sato bakal nurut sarta bakal ngarti kana omongan hidep, tinggal hidep kudu  diajar sangakan ngarti kana omongan sato. Hal ieu merlukeun latihan olah hate olah rasa anu daria.

        (nyamung ka bagean 3)

Kamis, 09 Februari 2023

SANTANA KEUR NGALALANA (BAGEAN KA-1)

 

  SANTANA KEUR NGALALANA    

                                                Bagian ka-1

(Kenging Undang Sumargana)

Giwangkara sumirat ti beulah kulon cahyana murub mubyar ngahibaran alam, hiji jajaka keur ngarasakeun tiisna cai talaga, ngarasakeun hiliwirna angin, ngarasakeun liuhna talaga nu kahibaran rungunukna daun  tatangkalan nu tumuwuh sisi talaga.
SANTANA KEUR NGALALANA (BAGEAN KA-1)

Giwangkara sumirat ti beulah kulon cahyana murub mubyar ngahibaran alam, hiji jajaka keur ngarasakeun tiisna cai talaga, ngarasakeun hiliwirna angin, ngarasakeun liuhna talaga nu kahibaran rungunukna daun  tatangkalan nu tumuwuh sisi talaga.

“Emh….asa geus jauh nyorang lalampahan ngalalana, niat neangan luang, Nyukcruk hiji sepuh nemonan parentah guruna”, gerentes hate jajaka bari babatek ngaleungitkeun rereged na awakna” lalaunan muru ka sisi talaga terus ngagibrigkeun cai tina  awakna, sarta rap deui make pakean nu ngalumuk di sisi talag.  Awakna karasa seger deui,
“Tapi waktu moal lila maju ka magrib” Ceuk pikirna manehna nyokot kaputusan pikeun modok neangan tempat pangrereban nepi ka subuh. Waktu  manehna kukurilingan, bari luak lieuk, teu kanyahoan aya lengkah gancang, sarta ngorobas ti jero rungkun aya maung  keur mampret lumpat, Santana kaget geuwat meped kana sisi  tangkal bungur nu daunna ngarunggunuk hejo.
“Hus sia teh awas siah mun datang datang deui ngaganggu sato inguan dewek” ceuk hiji kolot bari ngulang ngulang paneungeul. Eta maung ngagaur bari mangpret lumpat Tarik pisan. Ari si aki teu kebat ngudagna.
“Bagea, Jalu anaking , tong molohok,  hayu milu kasaung” teu loba mikir Santana nuturkeun eta lalaki muru ka hiji saung luhur jangkung nuaya di tengah tengah huma.
“Sok unggah Jalu, tuh aya liwet jeung pais lauk di juru saung tuh caina dina kukuk” santana teu loba carita koloyong wae ka sisi saung muka liwet dina kastrol sarta pais lauk”
“Sok jalu tong asa-asa, eta oge sesa aki samemeh ngaberik si Tangkurak”
“Di tampi Ki”, Santana ngahempak ngahanca liwet jeung pais lauk, karasa nimatna sabab geus sababaraha minggu lalampahan ukur manggih bubuahan. Beres dahar curulung nyicikeun cai kana batok kalapa nu geus herang lesang.
“Sok tah jalu diuk didieu bari ngobrol bari reureuh, geus sare didieu, sabab moal lila magrib”.
“Cageur jalu,  Ki Aji Pengestu guru hidep?” ceuk eta lalaki anyar pinanggih.
Santana kaget alah batan paamprok jeung maung nu tadi.
“Aya hibar Ki” Santana ngajawab bari asa-asa.
“Tong kaget jalu ieu kula Ki Ajar Pangestu nu jadi guruna   guru hidep”. Santana atoh jeung leuwih kaget deui bae, tetela ieu kolot teh nu keur diteangan nemonan parentah guruna. Brek wae aniprek bari nyuuh na pangkonan eta kolot.
“Alhamdulillah Ki, abdi tos dua  minggu asruk-asrukan, teu nyana ditepangkeun di dieu”
“Geus hidep tong heran jalu anaking, anguran mah urang solat magrib heula ke tos Isa di tuluykeun deui ngobrol.”
“Duanana turun ti saung luhur mapay tangga, eta saung luhurna kira-kira 5 meter ditihangan ku tangkal jati petingan anu lumayan cukup gede Wangunanna kacida wewegna, ukuranna kira kira 3 x 4 meter,  tiungna hateup dilapisan ku injuk ti l;uhurna. Keur nu can biasamah turun unggah mapay tangga sakitu teh  lumayan matak cape, tapi keur Ki Ajar pangestu, sanajan umurna geus leuwih saratus  taun, teu jadi masalah, awakna masih waringkas kaleker, batinna pinuh ku pangeusi estu kasipuh pangarti  luar jero.
Beres wudu kalacat deui unggah ka luhur ngalaksanakeun solat magrib, diteruskeun babacaan munajat nepi ka Isa, sarta sanggeusna manjing Isa diteruskeun ngalaksanakeun solat Isa.
“Tah Jalu mun can tunuh aya copy cai panasna na teko Almunium, masih panas, da teko etamah lumayan awet panasna.”
”Jalu saenyana kadatangan hidep, ku aki geus ditunggu-tunggu ti kamari, memang ka Aki geus aya ilapat 4 poe ka tukang, saenyana ti barang hidep mandi di Talaga, ku aki geus kaciri, tapi diantep hayang nyaho kumaha hidep manggihkeun tempat Aki”
“Saleresna Ki,  Santana tos asa putus harepan geus 2 minggu nyungsi leuweung ngasruk tegalan, sare sakaparan-paran, barang dahar sakapanggih nu aya dileuweung, ayeuna pareng ditepangkeun, alhamdulillah Ya Allah”.
“Geus Jalu, da memang jalana hirup aya nu ngatur, teu beunang dihayang-hayang teu beunang di emung-emung, hayang jeung emung lain urang nu boga tapi Allah anu kagungan, malah urang oge gubrag ka dunya lain meunang hayang, waktuna maot teu bisa emung. Sakabeh mahluk ayana tina euweuh, engke na waktuna teu bisa emung lamun Malakal maot ngaeuweuhkeun urang ti dunya, nyabut nyawa sakabeh mahluk, ka asup Malakal maot malaikat  nu diparentahkeun ku Allah nyabut nyawa bakal ngalaman maot.Ngan Allah nu ayana asal tina aya bakal terus langgeng salilana.”
“Duh Ki katampi pisan eta cariosan aki, jadi ngalugaykeun deui kasadaran tina hakekat hirup.”
“Geus jalu geura istirahat, tuh aya amparan kulit mencek meunang ngampuhkeun 5 kulit mencek di hijikeun, bantalna tuh dijuru, ke Jam tilu wayahna kudu geus hudang”
“Muhun Ki sok sanaos masih sono ngobrol, tapi ieuh soca geus karaos tunduh”
“Santana ngamparkeun kulit mencek, nyokot bantal, kabeneran aya bantal 2 hiji ewang jeung Ki Aji Pangestu”
Di jero saung geus teu kadenge deui nu ngarawangkong, di luar cahya purnama ngebrak nyaanganka sakuliah alam, Angin ge ngadadak tingtrim geus teu nyoara deui, ukur simeut Nangka, ciang-ciang sarta sasatoan  nu sejenna disarada lir paduan sora gamelan nu kacida endahna.
 
Nyamung ka bagean 2
 

Selasa, 07 Februari 2023

SURAT BALEBAT KEUR KI SUNDA


SURAT BALEBAT  KEUR  KI  SUNDA

Kenging : Undang Sumargana

 

Milang taun lir milang kamelang

Melang ka Ki Sunda sieun leugit tatapakan

Hariwang ku kalangkang  nu datang ngalelewaan

Sunda nanjeur sunda nanjung

Sunda midang mangka langgeng

Digjaya ngudag kawaluyaan

Ngababakan di sarakan panghuripan

 

Wilujeng Milangkala Dangiang  Sunda Pakidulan

Kitu ceuk soara bari ngawurkeun saruntuyan imut

Nu nyumput satukangeun mega

Aya sora ngadangding ngajakan eling

Kawih asri ngahariring, ngentring na langit bihari

 

Karisi teu lantis ku girimis ngepris

Risi hirup kasaput ku haseup dayeuh

nu kotor cakeutreuk hideung

jati ........ kasili  ........ ku junti

Duh ......palias......... teuing

 

Gentreng kacapi kiwari mimiti pamit

Tepak kendang narungtutan laleungitan

Mun wasa nyarita kuring rek nitip asih

Na gerelik suling nembang kamelang

Sangkan Ki sunda lilir ngulisik

 

Bulan nu ngangkleung balayar di langit Bandung

Widadari turun langit.......

ngalayang lebah tanjakkan lembang

Nanggeuy deudeuh

mawa kanyaah Ki Sunda tong kajongjonan

 

ngungkab carita mangsa lawas

Bumi  endeur

Tatar sunda lir  oyag ku lini badag

Samagaha sarengenge

Totonden Ki Sunda nandang tunggara

Prabu maharaja lambang kasatriaan

Lambang kaprawiraan

Jujuluk prabu wangi

Cita resmi nu tega ngemasing pati

Ngajungjung ajen diri wanoja anu satia

Bumela ka lemah cai

Prabu Siliwangi  saterusna katelahna

Jujuluk  ka raja Sunda                                                                                                             

Nu toweksa ka rakyatna

 

Hayu Ki Sunda .....

Geura  lugay nguniang pinuh harepan

Wawangi  siliwangi jadi bukti

Ku sunda pernah digjaya

Wastu kencana  di karaton Sura wisesa

Pangaruhna ngabuana

Kawali nu jadi saksi

 

Gedurkeun deui obor Bandung Lautan api

Na dada arandika

Dada Ki sunda nu boga tekad  rohaka

Ki jalak harupat bukti kuat

yen Ki sunda teu jejerih sieun ku pati

 

Sunda midang ,sunda nunjang ,sunda nanjung

Beungkeut pageuh ku tali silaturahmi

Silih asah-silih asih sili asuh

 jadikeun tatapakan nu  nyoko  na kailhlasan

(Tasik Pakidulan 201)


DI KARANG TAWULAN

Kenging  :  Undang Sumargana

 

Di Karang Tawulan....

Bulan pias katambias

Sabab angin nyangkere  di guha simpe

Basa ombak nembrag karang

Aya carita  ngalanglang pinuh harepan

 

Di Karang Tawulan......

Cinta akang nu lawas teu daek laas

Nu dipungkas nitis tulis

Diri anjeun  tinemu  reujeung patina

mangsa nyawa geus tega ninggalkeun raga

 

Di Karang Tawulan .......

Na pepenclut batu karang

Basa angin lilimbungan

Asih urang enung  mepende hate nu simpe

Cinta urang Enung  ngarandakah

Ngenagkeun ketug jajantun

(Tasik Pakidulan,  2016)

 

NU MANDEG  DINA KAKANGEN

Kenging : Undang Sumargana

 

Basa bulan nyangsaya na mega bodas

Bentang muruluk murag jadi kalakay

Kawas angin nu keur kingkin

Mudalkeun kaheman na lalakon lawas.

Nu mandeg na kakangen sapanjang ambekan

 

Basa ibun tuturubun pasusubuh

Nu nyesa bentang ukur nyengcelak

Samar-samar imut mega mapag beurang

Muka lawang dina ringkang kahariwang

Sabab cinta nu lawas mo deui datang

 

Tangkal  rungkad nangkarak di rajam hujan

Di rabut ku angin ribut

Kasamber ku gelap anu susumbar

Na teteger hate aya dumeling ngageuing

Diri kakara sadar teu perlu aral subaha

Horeng diri Kudu sadrah tumarima

Geus mulang anjeun geus mulang

Nuju alam panghisab di kalanggengan

 

Ditulis na Simpena peuting

 (Tasik Pakidulan 2016)

 

SADRAH

 

Dina sela-sela munajat ka anjeun  ya Allah

Kuring nyobaan nyaliksik diri, naratas raga

Tetela ieu diri perlu panyiram ku tirtaning rahmat

Tirtaninng rahmat ti  anjeun dzat nu Maha asih

Ieu raga  geus karahaan ya dzat Illahi Robbi

Lamokot ku dosa jeung tingkah  nu teu daek merenah

Perlu di seseuh ieu raga ku kalimah toyibah sugan murag kokotorna

 

Dina sela sela munajat ka Anjeun ya Allah dzat nu Maha bijaksana

Kuring sumerah tina lampah sasar ngagugu pangajak syetan

Mangga tibankeun hukuman Anjeun di dunya dzat nu Maha adil

Sabab kuring yakin moal kuat nandang siksa di  akherat

ieu diri nu ngawujud jeung raga nu masih nyawaan

Rumasa  ngacaprak loba milampah angkara

Tapi masih miharep pangampunan anjeun

Ya Allah dzat nu Mahaasih...........

Sabab simkuring yakin lawang tobat masih muka

Ti Anjeun Illahi Robbi ratuning kaadilan.

 

Ditulis dina kamer pangrereban

Nunggu waktu subuh  sabada tahajud

Tasik Pakidulan 2016

 

PASRAH

 

Kuring pasrah kana Kawasa  Anjeun Ya Robbi

Karasa hirup salila ieu loba nincak na kubangan dosa

Dina mangsa janari leutilk Ya Dzat Illahi robbi

Kuring masrahkeun ieu raga anu masih diancikan nyawa

Kasarakahan, kaangkuhan nu salila ieu kadang ngancik na diri

Geus nyasaak roh suci ngancik na satukangeun raga

 

Ikrar kuring ka anjeun Ya Allah

Ashadu Allaaa  Illaaa Ha illaloh

Ikrar kuring Ka anjeun Yaaa Nabiyuloh

Wa ashadu Annaaa  Muhammadarosuululoh

Tapi rumasa Ya Allah Dzat nu maha agung

Hirup mineng papalingpang jeung pituduh anjeun

Hirup teu napak dina conto-conto anjeung Yaa Rosululloh

 

Na mangsa peuting keur simpe Yaa Allah

Karasa diri mungguh taya ajen pangawasa

Rahmat jeung karunia nu geus diawurkeun ku anjeun

Ngan ukur dipake papaes ku simkuring

laku awuntah  sarakah pinuh rasa adigung

 

Ya Allah kuring masrahkeun ieu raga

Bisi rek dipisahkeun jeung nyawa

Sabab Anjeun anu miboga

Kuring ngan ukur wayang-wayang nu keur ngalalakon

Sadaya aya dina pangawasa anjeun

Ya Robbi Dzat nu maharahman

Lamun temah kahadean sim kuring kudu nebus rahmat anjeun

Jauh kana cumpon, tapi naha diri lumaku sok humayua

Padahal hirup ngan satutup umur nu di watesanan ku rahmat anjeun

Rumasa kadang hirup sok ngagulkeun nu dipasihkeun ku anjeun

Lain teu ngadangu kaagungan ajeun nu di contoan ku Rosulullah

Tapi mindeng diri kabengbat ku panggoda syetan

 

Kuring munajat Ka Anjeun Ya Allah...

Dina mangsa ngulisikna angin peuting

Na mangsa rereuhna hate nu geus dipepene ku kadunyaan

Galura rasa nu salila ieu aya na angkleungan kahirupan samar

Kiwari asa katiir ku pagaliwotana kahirupan nu pinuh ku dosa

Lamun temah lain ku sipat rohman rohim Anjeun Ya Allah

Kuring tangtu kaasup mahluk cilaka

Nu wangkelang kana parentah anjeun

                                                                       

Ditulis na mangsa poe ngagayuh ka subuh

Tasik Pakidulan 2016


Kamis, 02 Februari 2023

BIANGLALA CINTA SEORANG KELANA (Bagian7)

BIANGLALA CINTA SEORANG KELANA

Karya : Undang Sumargana

(Cerita bersambung bagian 7) 

Cerita sebelumnya

Dilangit matahari mulai menaiki cakrawalakegembiraan yang mencuat dari dasar hati, api cinta mencuat di dalam wajah, setelah aku tak tersenyum, kini senyuman mulai terhias lagi diwajahku, begitu pula diwajah calon istriku. Seolah – olah tersenyum pada bumi pada lagit pada laut pada angin,  pada semua alam yang telah menyaksikan. kembalinya cinta sang kelana.  Ada kegemilangan ysng memancar dari pendaran hidup yang membentang dari tengah buana. Cinta dan hidup tersasa begitu gaib, tapi kegaiban yang penuh kemesraan. Hari itu aku pulang dan berpisah membawa kegembiraan yang  bersamayan di hati masing masing.Dua minggu kulalui, walaupun berjauhan, dia ditempat kerja di Jakarta, Emang dia kerja di PT Asuransi Prudential, ia pekerja keras, menata hidupnya dengan rencana yang matang, tapi aku selalu berkomunikasi mellalui Hp sehinga taka da alasan aku untuk kesepian, perubahan hidupku mulai tersa, jadi lebih teratur, lebih rapi, mungkin perbawa hati dan Dia telah memberi warna hidupku ke arah yang lebih baik, aku masih ingat bahwa kesetiaan hal utama sebagai pondasi kehidupan, andaipun keadaan  ekonomi terpuruk tapi kesetiaan akan jadi pondasi dalam kehidupan di dalam rumah tangga, ketaatan pada Allah itulah yang akan membuat kita hidup penuh berkah dan kebaikan.

(bersambung ke bagian 7)    

     

 Sore itu warna senja dilangit terlihat begitu indah,hembusan bayu terasa meresap dilerung kalbu, laut tenang dihadapan kami seperti tak mengirim ombak, camar laut yang mengepakkan sayapnya sewaktu-waktu menukik membawa ikan dalam genggamannya, entah pertemuan yang keberapa antara aku dengan wanita pujaanku untuk saling menguatkan, saling meyakinkan bahwa aku dan wanita pilihanku memang saling mencintai. Permainan      waktu seolah merambah menggetarkan rasa, senyum Wanita pujaan yang selalu disematkan dalam setiap pertemuan. Kekagumanku selalu tergambar dalam setiap dia berujar, bertingkah dan dalam pancaran gerak-gerik budi pekrti yang begitu baik.Pisiknya yang selalu kuat bulak balik Tasik- Jakarta seolah -olah jadi rutinitas yang dia jalani dengan Ikhlas. Dimataku dia sungguh wanita kuat, wanita hebat, sungguh beruntung kalau memang dia jodohku.          

     ”Ya Dia harus menjadi istriku, kau beruntung kalau dapatkan dia” kayanya aku terbawa lamunan sebagai pancaran kebahagiaan.

 "Aku memang mencintai dia, aku memang mengagumi  dia, tapi haruskah cinta dan kekaguman naik ke jenjang rumah tangga?”

 ”Itu harus!” suara hatiku menimpali dan terus  mengusik  perasaanku.

  ”Jangan bodoh kau, jangan ego kau”, suara hatiku terus         mendesakku.

  “Ikuti dan mengalahlah pada perasaan baikmu!            usiamu  sudah lewat senja, kau bukan remaja lagi, apalagi wanita yang kau sayangi, wanita baik, matang dan penuh keikhlasan.”

   Ya akhirnya aku mrngambil kesimpulan bahwa Tina Kurnia Kurnia Agustin harus jadi istriku, dan sudah bertekad untuk menyampaikan lamaran di depan orang tua dan kerabatnya.

   “Pak?”, Tiba-tiba aku dikejutkan oleh suara wanita yang duduk disampingku.

           “Pak, memang apa rencana bapak untuk selanjutnya ?”                            

            ”Kau  sendiri apa sudah siap kalau kulamar?

  ”Ya, Pak aku ini perempuan, tentu saja aku mengikuti  rencana bapak  , karena memang kita tidak muda lagi.”. Akhir dari percakapan itu, bahwa aku 1 bulan ke depan akan datang dan berbicara secara serius dengan orang tua dan keluarganya.

  Hari merangkak menuju senja, langit dihiasi titik titik warna dalam pancaran lembayung, keindahan yang tiada tara, memang rahasia Allah tak bisa diungkap, sekenario Allah mahasempurna, kegembiraanku tak dapat kubendung, dialah mungkin jodoh terakhirku, yang akan membawa bahtraku ke Pelabuhan Bahagia. dan sajak itu aku meyakinkan bahwa aku betul-betul mencintainya.

 Waktu yang telah ditentukan, tepatnya, Jumat/malam Sabtu  05 Mei 2017 hampir tiba, 3 hari sebelum waktu itu Ia sudah datang  dirumahnya sepulang dari Jakarta dari tempat kerja. Kekagumanku semakin kuat bersamaan  dengan perjalanan waktu yang terus berjalan. Dimataku dia hebat, dimataku dia kuat, dia orangnya ikhlas, selisih usia 15 tahun dengan diriku, kadang diriku heran juga, dia mau sama aku, secara ekonomi dia punya penghasilan yang cukup, dia sendiri tau keadaanku yang sebetulnya, yah aku bersyukur mungkin Allah menjadikan dia jodohku dunia akhirat.

 Tiba waktu yang telah ditentukan, aku datang Bersama kakaku pamanku dan kerabat yang lain yang masih hidup, serta putri semata wayangku yang sangat ku sayangi. Kedatanganku disambut oleh keluarga besarnya, serta kedua putra lelakinya. Dagdidug juga jantungku seperti anak Muda, apalai ketika menyaksikan dangdanan calon tunanganku takpercaya aku menyaksikan pancaran pesonanya yang mengagumkan. Saat acara penyematan cincin di jari manisnya ada perasaan gembira dan haru yang mengusik nuraniku dalam arti aku tak boleh beralih pada perempuan lain dan dia pun tak boleh beralih ke lain hati.

  “Pak”, tiba tiba kedua putranya  menghampiriku.

  "Titip mamah Pak  jangan sakiti mamah!” kedua anak itu  berkata  lirih, namun tegas tapi penuh pengharapan.

   “Pak  jangan tinggalkan mamah, jangan tinggalkan Ado, sayangi mamah,  sayangi Ado dan AA”. Ada rasa haru menyelusuri lerung kalbuku, kakak dan adik   calon putraku  begitu tulus berkata disertai harapan  mendapatkan kasih sayang yang tulus dari seorang ayah. Ku  peluk keduanya  dengan penuh keikhlasan. Ada genangan air mata yang tak  terasa mengalir, ada tekad yang dalam janji suci dari  lubuk hati yang dalam. Ku lihat pula putriku yang terlena dalam pelukan calon ibunya, serta keakraban dengan calon kedua putraku. Selanjutnya acara ramah tamah dari kedua keluarga, serta obrolan obrolan yang lain. Acara terus berlangsung dan setelah acara doa diteruskan acara makan bersama, selesai acara makan ngobrol – ngobrol untuk rencana ke depan dan akhirnya berpamitan.

  Sampai di rumah, aku merebahkan diri di atas Kasur, pikiranku melayang, penuh dengan  bayangan kehidupan akan datang. Angin di luar meniup daun pepohonan, suara musik malam terdengar dari sela dedaunan, seolah-olah paduan musik  alami yang dimainkan para bidadari. Hari itu dan hari hari selanjutnya benar-benar berbunga, dunia serasa di dalam genggaman telapak tangan. Madu cinta terasa terasa ada di piala kasih kami, untuk nanti diteguk bersama dalam suasana yang penuh taburan keharuman. Limpahan kesukaan itu merambah keluar menciptakan sungai cinta yang mengalir bersama denyutan waktu.

 “Hemh…! Ternyata cinta bisa datang dalam usia menjelang senja”.

 “Kedengarannya indah dan muluk, kedengarannya seperti mimpi indah yang membawa bahagia.”

 “Memang kita harus bahagia, Allah memberikan akal dan pikiran dan kemampuan otak, hati serta pisik untuk berusaha mencapai kebahagiaan, dan bahagia itu datang dari rasa syukur yang kita dapatkan.”

 Akhirnya dialog yangterjadi terputus dengan mulai datangnya rasa kantuk dan tertidur membawa angan – angan dan harapan yang harus diwujudkan

   (bersambung ke bagian 8)

 

 

Featured Post

HABIB ALI ALHABSYI DENGAN KAROMAHNYA

KHARAMAH HABIB ALHABSYI:  BISA DENGAR SUARA TASBIH DAN BENDA MATI HABIB ALI ALHABSYI DENGAN KAROMAHNYA Habib Ali Alhabsyi nama lengkapnya H...