BERANDA

Selasa, 20 Agustus 2024

DONGÈNG GURU PANGGIH JEUNG MURID NU TEU MEUNANG TANDA JASA

DONGÈNG GURU PANGGIH JEUNG MURID  
NU TEU MEUNANG TANDA JASA 

rajasastra-us.blogspot.com Alam Pakidulan diharudum ku halimun tanda rek ganti usum, katiga enggeus wekasan diganti ku usum hujan. 
 " Geus tujuh puluh Salapan taun merdeka teh!" Ceuk Aki Oyo dina hatena. " Nini ari duit gajih teh aya keneh ?" " Pan di dinya Aki dina koropak. " Aki Oyo kokoreh kana koropak, gorehel manggih duit kencring sarebuan hiji jeung lima ratusan hiji. " Aya sarebu lima ratus deui gening Nini " " Enya da ngan sakitu kituna deui Aki eta teh sesa meuli ubar jeung meuli beas!" " Arek dibawa ku Aki keur bekel lalajo pawai, sugan cukup keur meuli sirop bisi Aki hanaang. " " Heueuh pek bae! " 
 " Hampura we Nini da geuning gajih teh geus sababaraha taun ge teu naek-naek! " " Sieuneun labuh meureun Aki da puguh geus kolot teu wanieun tataekan. " Ceuk si Nini bari seuri, teuing nyeungserikeun dirina teuing nyeungseurikeun nasibna. Tokroh tokroh Aki Oyo kundang iteuk rek lalajo pawai agustusan. Minangkana mah hayang aub milu ngaramekeun poe kamerdikaan nu ka tujuh puluh dalapan Lalaunan mapay jalan nu brasna ka Alun-alun Situraja. Unggal nempo barudak SD nu rek pawai reg manehna eureun. " Baheula mah apan aing nu ngaluluguan barudak pawai teh. Euh barudak sing saroleh, sing rajin nyiar elmu sangkan jaga aya gunana keur nagara, bangsa katut agamana. " Ceuk Aki Oyo, dina hatena rusras inget ka mangsa katukang waktu manehna jadi guru sakola dasar. Sora kandaraan jeung tatabeuhan pabaur jadi hiji teu puguh dedengean, " Tah gening geus daratang nu rek pawai teh. " ceuk Aki Oyo. Aleutan motor ngabring marawa bandera beureum bodas pating kelebet matak reueus kana hate, aya oge nu dibeulitkeun kana awak teuing ngarah kumaha, maranehna teu eureun ting gorowok, "Merdeka .....merdeka....merdeka! " 
 " Nyisi kehed...na aki-aki teh geus hayang paeh kitu! " Ceuk salah saurang pemuda nu dibonceng dina motor, bari terus gogorowokan deui, 
 "Merdeka....merdeka.... merdeka! " cenah. Aki Oyo reuwas luncat ka sisi ampir tikusruk, sendal capitna pegat sabeulah. " Euh barudak sing saralamet mangkahade ulah cul dogdog tinggal igel ngeusi kamerdikaan teh ulah wungkul dina sungut, tapi kudu jeung prakna luyu jeung pancen masing masing, nu sarakola sing rajin dialajarna, para pamimpin sing toweksa dina mingpinna, rayat sing narurut ka pamarentah, padagang ulah kudu curang, patani kudu niat babakti ka lemah cai, para pajabat kudu bisa merangan napsuna." Ceuk Aki Oyo teu weleh sabar. Masih lumangsung keneh perjuangan teh gening, ngan ayeuna mah perjuangan merangan hawa napsu. Burudul abrulan mobil dibarengan sirene matak katorekan, kendaraan sejen nyarisi da bapa-bapa ti luhur bade ngalangkung. "Merdeka...merdeka... merdeka!" Jol deui mobil nu muka bak tukangna dibarengan ku halow-halow, aya nonoman perlente nu gugupay euh meureun calon pejabat. " Merdeka!" ceuk Aki Oyo nurutan batur. Hawa jalma nu pagegelek matak bayeungyang, Aki Oyo ngarasa hanaang, koloyong nyampeurkeun tukang sirop, " Jang cik Aki meuli sarebueun! " " Teu bisa atuh Ki kudu lima rebu, pan ayeuna mah gulana ge mahal, sagala ge marahal!" Ceuk tukang dagang. Aki oyo ukur bisa neureuyan ciduh keur maseuhan tikorona. Geus merdeka teh geuningan hahargaan mah marahal keneh. Rurat reret sugan aya nu dagang surabi atawa pisang goreng meureun bisa meuli hiji mah, tapi da moal aya nu dagang bangsa kitu dinu kieu mah. Mending diuk dina buk sisi jalan bari megat nu bubaran pawai ceuk Aki Oyo. Soloyong aya mobil bodas, Aki Oyo beuki nyisi, tapi naha eta mobil teh make eureun jut turun hiji jajaka kasep make pakean bodas, Aki Oyo beuki meped-meped wae na pan aing teh teu ngagokan teu ngahalangan jalan. Srog teh pamuda tadi nyampeurkeun, naha pan aing mah teu boga dosa. ceuk Aki Oyo " Punten Bapa, dupi Bapa teh Pa Guru Oyo ?" " Enya bareto mah Encep, da ayeuna mah tinggal tunggulna!" Ana gabrug teh eta jajaka ngagabrug Aki Oyo " Bapa Guru naha hilap deui ka abdi?" Aki Oyo mureleng nyidik nyidik eta pamuda, lebeng teu inget. " Ieu teh Suryadi murid Bapa nu pangbangorna!" Can kapikir keneh bae, " Kapungkur pan abdi teh nu ditangtungkeun hareupeun papan tulis! " 

BACAAN LAINNYA:
Bray-bray pikiran Aki Oyo inget mangsa katukang, ning kolot Suryadi teh datang ka sakola teu rido anakna ditangtungkeun hareupeun papan tulis. " Ari ayeuna Yadi teh di mana?" " Ari damel mah di Rumah Sakit Umum Sumedang, di bagean jantung. " " Alhamdulillah. " " Pami teu diajar disiplin ku Bapa mah abdi teh moal janten Dr. (Doktor). Boa teu janten nanaon." Ceuk Suryadi pinuh karumasaan. Ieu geuning tanda jasa nu bukti nyata teh, generasi bangsa nu berguna tur berakhlakul karimah. Gening ayana dokter, insinyur, sarjana hukum, drs. jeung sajabana teh ku ayana jasa guru. " Dupi Pa Guru ayeuna bade mulih, hayu ku Yadi urang jajapkeun! " " Moal waka Ujang, Bapa mah masih betah ningali pawey kamerdikaan. " " Muhun atuh ari kitu mah " Ngomong kitu teh Yadi bari ngasupkeun duit kana pesak Aki Oyo, lambaran beureum aya lima lambarna, najan kekepehan ge Aki Oyo, keukeuh kudu narima. Pruy hujan miripis niiskeun hate Aki Oyo nu tadina panas bayeungyang. Girimis munggaran mapaesan sawangan mangsa katukang " Merdeka " ceuk Aki Oyo Aki Oyo ngagidig leumpang bari ngajingjing sendal nu pegat. Hate guligah ning aya nu ngaku aing boga jasa, ngawujudkeun generasi bangsa nu leuwih hade. " Ni...Nini...ieu Aki balik, yeuh oleh-oleh martabak jeung sate iting nu kaimpi impikeun ku Nini tea " " Na gening Aki boga duit ?" Ceuk Nini Oyo gumbira. Poe eta Aki jeung Nini Oyo ngarasa merdeka pinuh ku kagumbiraan. 
TAMAT  Klik di sini
Salam baktos sim kuring kahatur 
Bapa Ibu Guru di mana bae ayana.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Featured Post

HABIB ALI ALHABSYI DENGAN KAROMAHNYA

KHARAMAH HABIB ALHABSYI:  BISA DENGAR SUARA TASBIH DAN BENDA MATI HABIB ALI ALHABSYI DENGAN KAROMAHNYA Habib Ali Alhabsyi nama lengkapnya H...