MENGENAL GODI SUWARNA SANG PRABU DALAM KISAH
LALAKON CINTA MONYET
![]() |
rajasastra-us.blogspot.com Cinta Monyèt. Duh. Waas kacida, Lur! Da ngan ukur lalakon Cinta Si Monyèt atuh nu enyaan ngagenclang wening mah. Teu kakiruhan ku birahi kawas cintana para Gorila jeung Kingkong. Da èta wè jaman SMP, mun Pun Paman ngaheureuyan, nitah kadak-kodok ka Si Nènèng, na da uingah sok langsung murel. Ambek. Jorok pisan atuda. Da puguh lain êta nu dipicangcam. Ku patepungna ogè geus matak bagja taya papadana, bagja nu moal bisa kagambarkeun ku sakabèh puisi cinta ti para panyajak kaliber dunya.
Hmm, Si Nènèng. Enya. Cinta monyèt uing jaman SMP. Teu kudu dicaritakeun deui dedeg pangadeg jeung pasipatanana mah, nya? Pan geus ditataan dina lalakon nu kahiji, dina "Tug Dugi ka Pakotrèk Tulang" tèa. Cindekna, Si Nènèng tèh bangkok & bohay wèh! Nu rèk dicaritakeun tèh sabada Si Nènèng ngirim keretas sacewir tèa wè, nu aya tulisanana: "Hoyong sun. Kè mun tos lulus ujian." Nu êta tèa. Keretas nu jadi jimat panguat uing harita, dina nyorang mangsa nu matak guligah, mangsa pagaliwotana sajuta rasa.
(2)
Harita tèh geus nyantek kana ujian ahir SMP. Beuki deukeut kana jangji sun ti Si Nènèng, sumanget diajar beuki ngagedur. Di sakola, guru-guru ngawajibkeun sangkan barudak ngarapalkeun babarengan. Uing, Si Nènèng, jeung tiluan budak lalaki, jadi sakelompok, da puguh kaasup dareukeut najan misah lembur ogè. Sanggeus badami, nya diputuskeun wèh yèn ngarapalkeun tèh arèk di imah Si Nènèng, deukeut balèdèsa.
Si Nènèng sakulawarga, nu ramana pangsiunan kolonèl, nyicingan hiji imah buhun warisan ti karuhunna. Imah nu lega kacida. Tèmbok sapotong nu lalangitna langab, nu jandèlana jarangkung. Imah nan bersejarah. Da saur Pun Bapa ogè, samèmèh "Perjanjian Linggarjati" dilaksanakeun, pihak Republik, nu diwakilan ku Pa Umar Wirahadikusumah, tepung heula di lembur uing jeung wawakil pamarèntah Walanda. Pra konprènsi sigana mah. Nya di imah èta pisan, di imahna Si Nènèng.
(3)
Dina hiji peuting nu geus ditangtukeun, uing ngencling bari ginding, muru imah Si Manèhna. Kasampak, babaturan nu tiluan geus araya, ngariung di tepas nu ublug-ablag, dicaangan ku damar gedè, da harita mah can aya listrik. Uing diuk dina korsi, pas, pahareup-hareup pisan jeung manèhna. Der ngarapalkeun. Uingah teu laju-laju ngapalkeun tèh, balas maling deuleu ka manèhna, nu sakapeung tungkul maca buku, sakapeung tanggah kana lalangit bari garandang-gerendeng. Lucu. Lucu kacida.
Na atuh, basa uing nunda buku di kolong mèja, dampal leungeun Si Nènèng bet karampa. Ramo uing ngerenyed asa kasetrum. Harita, sigana wawanèn Pa Umar Wirahadikusumah, pajoang tanggoh jaman rèvolusi, nitis ka uing. Da èta wè uing bet jadi nèkad. Dampal leungeun Si Nènèng, nu sohor galak, anak tentara tèa, diranggeum ku uing. Sigana, manèhna reuwaseun. Dampalna karasa ngerejet. Ngèpèskeun. Panonna muncereng, siga enon Walanda nu rèk ngerekeb inlander!
Geus kitu mah pasrah wèh uing tèh, Lur! Sadaya-daya. Siap digaplok ku Putri Wèsterling, kawas nasib babaturan nu harita ditonjok angenna tèa. Tapi, anèh bin ajaib, sorot panonna biasa deui. Malah jadi sari-sari geugeut. Teu lila, karasa dampal leungeun manèhna, nu leuwih lemes batan naon waè nu panglemesna di alam dunya, ngaranggeum dampal leungeun uing. Biwirna ngarenyu, nyumputkeun imut. Di kolong mèja, dua leungeun silih ranggeum. Pacekel-cekel.
BACAAN LAINNYA:
- 14 AYAM HIAS TERPOPULER YANG MENJADI TEMAN BERMAIN
- 15 FAKTA SAINS YANG MEMBAHAYAKAN TUBUH YANG BIASA DILAKUKAN ORANG INDONESIA
- 1O JENIS GANGGUAN KEPRIBADIAN YANG SANGAT PENTING DIWASPADAI
Salila ngarapalkeun, ranggeuman teu lèsot-lèsot. Tapi da ari panon mah angger mencrong kana buku. Aya kana dua jamna uing jeung manèhna pacekel-cekel di kolong mèja. Sakadar pacekel-cekel. Babaturan mah taya nu nyahoeun. Ukur cakcak sigana nu apaleun tèh, da hayoh baè disasada dina lalangit, lir nu ngabèwarakeun asih wening sapasang anak manusa ka jagat raya katut sapangeusina!
(4)
Heup wè nya, Lur!
Moal dicaritakeun kumaha bagjana uing basa mulang ti imah Si Manèhna. Tong boro uing, dalah para panyajak jadug kaliber dunya ogè moal aya nu bisaeun ngagambarkeun kabagjaan uing peuting harita KLIK DI SINI
Sumber dari FB Godi Suwarna
Tidak ada komentar:
Posting Komentar