NYUNGSI
PEUTING DI BASISIR PANGANDARAN
( Undang Sumarana)
![]() |
NYUNGSI PEUTING DI LAUT PANGANDARAN |
Laut Pangandaran ngagulidag
ombakna gumuruh, marengan sagara di luhur wangwangan nu ngoyagkeun palataran
hate sugan sirna ti kasimpe. Di langit sagara diri, di handap sagara ati.
Mapay-mapay peuting
nyungsi basisir, niat nyirnakeun rasa nyungsi diri naratas lampah milari bagja nu kasorang. Kapikir na galeuh ati,
hirup kudu nangtukeun hiji plihan , naha kudu nangtung na tincakeun realita?
Atawa dina titincakan pangimpenan?
Cinta?
Tah sanes kedah
diobral na lambey, sarerea pada surti yen hirup teu hade kapahung na jaladri
kasedih. Harepan
kedah disungsi, sanajan kandeg na gurat balebat, kecap sabar memang kedah
dilakonan dina lalampahan, ulah nepi ka ngamgkleung na sagara nu tanpa wates.
Manusa memang lain
malaikat moal bisa mindingan rasa nu suda tina nafsu, lamun ngandegkeun nafsu
cinta ngan ukur datang sajorelat. Sanajan raga tumuwuh di barengan nafsu, mung
kudu dibarengan ku pangenyed iman , sangkan hirup teu kaduhung.
Bacaan lainnya:
Diri nu geus
ngarasa lungse nyungsi jemplingna peuting di basisir, rumasa sarta tumarima
kadang teu karasa lampah salah matak ngajaheutkeun manah nulian, lamun temah
aya lampah salah kalakonan, boh di haja atanapi henteu, poma urang sili
lubarkeun sili elingan sangkan bisa diomean. Hirup runtut sauyunan, eta jalan
anu merenah, sanajan na seuhseuhanana kapaksa tarung cekel sabuk bilang tatu, keur diri taya
kagimir sanajan ngemasing pati, mung eta sanes pilihan, sabab hirup urang maot
urang mung Alloh anu kagungan.
Basisir Kasimpe, malem sabtu, 8 juli 2016
Tidak ada komentar:
Posting Komentar