NYAKSRAK TAPAK LEUWEUNG SANCANG
![]() |
NYAKSRAK TAPAK LEUWEUNG SANCANG |
Ieu sajak ditulis sabada nyaba ka leuweung sancang, sarengsena kagiatan Karang Papitran Pembina Pramuka sa kabupaten Tasikmalaya di Bubujung Cipatujah. ka ilhaman ku kendahan leuweung sancang dina lalampahan nu disorang.
(Haturan kanggo anggota para
pembina Pramuka nu ngiring nyaba kaleuweung sancang sabada kagiatan Karang
Pamitran, 29 Januari 2017)
NYAKSRAK TAPAK LEUWEUNG SANCANG
Dipapaag hiliwir angin
Nyaksrak leuweung geledegan
Dina genyasna cai solokan
Hegar tatangkalan
Aya kakangen nu nyamuni
Nyereset na geretna sora tongeret
Tina sela sala rungkun
daangdaunan
Girimis ngeclak maseuhan jagat
Katangen aya komara anu tohaga
Siliwangi ciri saksi na carita
Yen Ki sunda pernah digjaya
Dina puncer dahan nu munjul
kalangit
Tinggulayun wanara maen akrobat
“Kula ponggawa jaga sabana”
Siap jaga tina tingkah manusa sarakah
Tina sela batu nun nangtawing
Cai nyurug seahna meupeus kasimpe
Najan pajajaran kur tinggal ngaran
Tapi jiwa Sukma siliwangi
Nyamuni na getering ati Ki Sunda.
Maung sancang ngintip jurit
Kujang sakti meulah langit
Ki Sunda moal rek musnah
Bocah angon mandalagiri
Satria piningit
Nu bakal ngaheuyeuk nagri
Kitu ceuk uga nu kacarita
Ciung wanara sipat pamingpin
Nu nungtun hirup raharja
- DENGARLAH NYANYIAN SEEKOR BURUNG KECIL DAN RINTIHAN NYANYIAN OMBAK DI LAUTAN
- TETESAN AIR MATA YANG JATUH DIHAMPARAN SAJADAH
- CINTA BERSEMI KEMBALI DI LAUT PANGANDARAN
Halon ngalagena dangding angin
ngahiliwir
Sato leuweung ngalagu nyamuni kalbu
Tapak lacak kian Santang
Jadi damar pangharepan
Yen islam kudu jadi cecekelan
Tasik Pakidulan, 2 Pebruari 2017
Tidak ada komentar:
Posting Komentar