BERANDA

Selasa, 23 Juli 2024

BEJA TI BASISIR LAUT KIDUL

 






BEJA TI SISI LAUT  KIDUL

(Undang Sumargana)

Cikalong ngajajar leuwi anyar

Liang tapak ngukuy keusik

Nu nyesa hampasna nu patulayah 

Sareukseuk pangdeuleu ngonang hariwang


Cidadap basisirna burakrakan

Karang Bayawak tinggal bangkarak nu patulayah

Nu nyesa kebul kapeurih karisi datang tsunami

Kasarakahan geus meulit na hate

Manusa iblis bangsat lingkungan


Pamayang, Sindang Kerta, Cipatujah

Sapanjang basisisir geus diturih Ku mesin kasarakahan 

Pasir beusi jadi saksi  Jadi bancakan bagi bagi

Nu hasil  pengusaha jugala, pereman jeung para pejabat basilat

Rakyat leutik ngegel curuk kur kabagi kebul jeung leutakna

Emh dedeuh teuing…..!


Tasik Pakidulan 2023


KIYAMAH

( Undang Sumargana)

Ting burisat cahya kilat

Ngalentab ngahuru jagat

Ngageleger sora gugur

Langit genjlong bumi eundeur

Hujan rongkah, 

caah bedah teu katadah


Bumi ngaplak  taya sisi

Lautan pindaha kadarat

Pangeusina ting koceak

Jeritna mapakan langit

Tinggal raga taya nyawa

Ngagulung nyarah jeung runtah


Langit rungkad. 

Ngalingkup murulukeun  bentang

Muragkeun bulan, ngabahekeun panon poe

Jagat ancur nggulung jadi lautan

Taya sesa sakabeh anu nyawaan

Sukmana geus ting belasat  ngabaliur kabuana

Tinggal raga patulayah nyangkere geus jadi bangke


Reup jagat simpe rehe

Nunggu hudang digebrag kumpul di alam masyar

Balitungan panungtungan, tinimbangan maha adil

Rek beurat  kamana timbangan urang?

Katuhu alamat surga sumber lana kabagjaan

Atawa Kenca

Alamat nandang tunggara nngarasa  siksa naraka

Wallahu Alam

Gumantung ka pepelaakan dina lampah kahirupan.


Tasik Pakidulan, 5 April 2016

BACAAN LAINNYA:

 DEMO RAKYAT

(Undang Sumargana)


Ngageleger sora gugur meupeuskeun reueuk

Tingbarasat cahya kilat ngalentab mega

Ngahuru amarah silalatuan

Ngempur hurung na tungtung emun-emunan

Rahayat kahuru dimangfaatkeun ku kabingung


Ting porongos ting jorowok

Nusurak eak-eakan, nu demo gogorowokan

Turuhkeun harga! Turunkeun harga!

ceuk sora lalaki nu igana ragas, matana celong.

Turunkeun BBM, turunkeun BBM

Eh, BBM geus turun, tapi hahargaan malah ngajaul

Nu ngagorowok  latam-letem kaeraan


“Saudara-saudaraku” Ceuk pimpinan demo

Anu tadi turun tina mobil mewah

Bajuna perlente, erloji bermerk, 

Sapatu buatan luar negeri

“Kita terus berdemo-kita gempur istana”

Amarah rakyat kasundut 


Nu demo beuki  ngangseg 

Budal  omongan teu kawadahan

“Hidup pimpinan kita! Hidup pimpinan kita”

Ceuk rakyat nyumangetan pimpinan demo


Rakyat ngangseg maju, pulisi bedah amarah 

Bukbek peureup jeung peureup, 

Panakol jeung panakol

Pimpinan demo ngolesed lalaunan

Akhirna ngabiur pangheulana

Ngadius na mobil mewah muru hotel

Arek otel  jeung bikang paneretan


Rakyat jadi korban ti jalma 

Nu pundung teu kapeto jadi pimpinan

Sarta teu ngasaan diuk na amisna korsi Dewan


Tasik Pakidulan, Kamis 31 Maret 2016

KLIK Di  Sini

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Featured Post

HABIB ALI ALHABSYI DENGAN KAROMAHNYA

KHARAMAH HABIB ALHABSYI:  BISA DENGAR SUARA TASBIH DAN BENDA MATI HABIB ALI ALHABSYI DENGAN KAROMAHNYA Habib Ali Alhabsyi nama lengkapnya H...