PEUTING SIMPĔ SISI LAUT CIPATUJAH
JEUNG OPAT SJAK SEJENNA
Kenging : Undang Sumargana
![]() |
MEMBUKA KEMBALI 5 PUISI PUISI MASA LALU DALAM CERITA PENUH KESEDIHAN |
PEUTING SIMPĔ SISI LAUT CIPATUJAH
Kenging : Undang Sumargana
Sebot bulan ngintip tina sela méga
ombak motah malidkeun runtah jeung sarah
budah laut budak ombak, budah haté nu keur simpé
angin leutik milu ceurik ngarenghik teu bisa usik
Sebot béntang neuteup karang
Nu nangtung rék nagjak tarung
baeu ombak, hiap lambak
yeuh pejahkeun dada kuring
nu sakti lalanang jagat.
Sebot angin rereuh heula, nyangsaya na pucuk kalapa
Katineung datang némbongan, nyéléké na dasar haté
aya asih nu reuntas na dahan simpé
aya katineung nu tilem na dasar sagara,
dasar haté pangjerona...!
Tasik Pakidulan, Oktober 2008
CARITA SIMPĔ
Kenging : Undang Sumargana
Langit ceurik balilihan
angin ngabintih heulang laut
nu keur ngapak jomantara
tuluy nyangsaya
na méga nu rarengat karérab mata poé
Sebot ombak rereuh heula
kikisik lilir ngulisik hudang tina pangimpian
mapag layung humarurung
kalarung jeung kapigandrung
Na amparan budah lambak
aya lalakon katresna
nu teu tulus ngamuara
ngangkleung ka sagara panineungan
Tasik Pakidulan, Oktober 2008
SURAT BALEBAT KEUR KI SUNDA
Kenging :
Undang Sumargana
Milang taun lir milang kamelang
Melang ka Ki Sunda sieun
leugit tatapakan
Hariwang ku
kalangkang nu datang ngalelewaan
Sunda nanjeur sunda
nanjung
Sunda midang mangka langgeng
Digjaya ngudag kawaluyaan
Ngababakan di sarakan panghuripan
Wilujeng Milangkala Dangiang
Sunda Pakidulan
Kitu ceuk soara bari
ngawurkeun saruntuyan imut
Nu nyumput satukangeun
mega
Aya sora ngadangding
ngajakan eling
Kawih asri ngahariring,
ngentring na langit bihari
Karisi teu lantis ku
girimis ngepris
Risi hirup kasaput ku
haseup dayeuh
nu kotor cakeutreuk hideung
jati ........ kasili
........ ku junti
Duh ......palias......... teuing
entreng kacapi kiwari mimiti pamit
Tepak kendang narungtutan laleungitan
Mun wasa nyarita kuring
rek nitip asih
Na gerelik suling nembang
kamelang
Sangkan Ki sunda lilir
ngulisik
Bulan nu ngangkleung
balayar di langit Bandung
Widadari
turun langit.......
ngalayang
lebah tanjakkan lembang
Nanggeuy
deudeuh
mawa
kanyaah Ki Sunda tong kajongjonan
ngungkab carita mangsa
lawas
Bumi endeur Tatar sunda lir oyag ku lini badag
Samagaha sarengenge
Totonden Ki Sunda nandang
tunggara
Prabu maharaja lambang
kasatriaan
Lambang kaprawiraan
Jujuluk prabu wangi
Cita resmi nu tega
ngemasing pati
Ngajungjung ajen diri
wanoja anu satia
Bumela ka lemah cai
Prabu Siliwangi saterusna katelahna
Jujuluk ka raja Sunda
Nu toweksa ka rakyatna
Hayu Ki Sunda .....
Geura lugay nguniang pinuh harepan
Wawangi siliwangi jadi bukti
Ku sunda pernah digjaya
Wastu kencana di karaton Sura wisesa
Pangaruhna ngabuana
Kawali nu jadi saksi
Gedurkeun deui obor
Bandung Lautan api
Na dada arandika
Dada Ki sunda nu boga
tekad rohaka
Ki jalak harupat bukti
kuat
Ki sunda teu jejerih
sieun ku pati
Sunda midang ,sunda
nunjang ,sunda nanjung
Beungkeut pageuh ku tali
silaturahmi
Silih asah-silih asih
sili asuh
jadikeun tatapakan nu nyoko
na kailhlasan
Tasik Pakidulan, Oktober 200
KEUR BARAYA ANU REK MIANG
Kenging : Undang Sumargana
Bulan nu ngangkleung
balayar di langit Bandung
Dayang
Sumbi turun langit.......
ngalayang
lebah tanjakkan lembang
Nanggeuy
deudeuh
mawa
kanyaah ka nu miang
mungkas
tugas kadinesan
Wilujeng
paturay dulur
Mun wasa nyarita kuring
rek nitip asih
Na gerelik suling nembang
kamelang
Sangkan urang paturay
pinuh ku kamaslahatan
Sukur geuning aya
kénéh umur
jang ngawincik kamalir wanci nu ngari
jang ngaropéa lambaran mangsa nu nyésa
ngalakonan lalakon nu duka léokna ka mana
Basa keretas bodas
ngan wasa tumamprak
Najan sakumaha mangsi sumiriwik nurih mangsa
Urang Ngan silih téangan lebah,
lebah mana hariring lalakon mancen gawe
Naha nyelap 'na raga nu amis daging
Atawa dikeukeuweuk nyawa nu gulet tanding jeung wanci?
Urang Pada-pada milang sada jero dada
sarua saru ku sora jeung sora
Nepika hiji mangsa. Mun dina rencep girimis
Aya kalieus jeung kalinces seuneu nu ngahuru kasarakahan
Teu kudu di ceos da moal lantis ku sakeclak cai
Aya lolongkrang
némbongkeun gurawang kalewang
Aya léngkah-léngkah panineungan lalaunan ngajauhan
Ninggalkeun simpé na hate
Wilujeng paturay .......
Tasik Pakidulan, Oktober
2008
- 6 PUISI WAHYU SETIA SI PENYAIR BERHATI DINGIN
- LAMUNAN SANG DIREKTUR SD MANA BOA
- SUARA KESUNYIAN BUKU KUMPULAN PUISI KORIE LAYUN RAMPAN
ANJEUN NULISKEUN CARITA
Kenging :
Undang Sumargana
Anjeun
mangsana reureuh tina sora,
tina kelir kahirupan nu geus disorang
sanggeus lana babarengan ,
anjeun geus bisa nulis carita nepi ka
rense mancen gawe
sedengkeun kuring can puguh nepi ka tamat
Séah angin kapireng ngahudang bangbaluh. Nyeuit
ngagerihan haté mangsana paturay
Sanggeus mangtaun-taun mancen gawe babarengan
Hujan lir cimata langit
rongkah ngajeritkeun kapeurih.
Wilujeng kantun
Wilujeng paturay
mugia pinanggih bagja
Tasik Pakidulan, 2008
Tidak ada komentar:
Posting Komentar